Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/215

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

40. ENDOG ANOE ANEH.

Lamoen oerang ngadenge noe njeboetkeun „ěndog”, sok toeloej bae ingět kana bangsa manoek, da eta anoe sok ngarěndog teh: tapi salian ti manoek oge rea deul bangsa sato anoe sok ngarěndog, kajaning: boehaja, oraj, toke, pěnjoe, toetoet, bangkong djeung roepa² taga (insecten).

Boehaja ana ngěndog dina sakalina 20 něpl ka 60 siki, gěđenu saroea djeung endog soang. Bisana měgar lain koe disileungleuman koe indoengna, tapi koe panasna panonpoé bae,

Ari penjoe dina sakalina ngěndogna blasana leuwih ti 100 siki: eta endog koe manehna sok dikoeboer koe keusik di basisir. Děmi pětana: samemeh ngěndog teh ngědoek keusik heula, njieun logak;. toeloej ngěndog di dinja; geus kitoe toeloej disaeuran deut koe keusik, ti dinja leos ditinggalkeun. Djerona eta koeboer endog teh nepi ka 1½ M.

Děmi akal toekang nareangan endog pěnjoe pikeun nganjahokeun tempat endog tea, kieu: Oepama manehna neuleu aja penjoe keur ngěndog. geuwat nantjébkeun rokrak di deukeut těmpat eta; engke dimana sipěnjoe geus indit ti dinja, gantjang keusik anoe deukeut kana rokrak tea dikoekoej; mimindengna endog tea sok kapanggih. Ari biasana pěnjoe teh ngarěndogna sok ti peuting di sisi basisir. Dina měněran tjaang boelan toekang neangan endog naroeroeban maneh dl basisir, ngawaskeun pěnjoe noe rek ngarendog, soepaja bisa nantjebkeun tětěngěr tea; djadi dimana noe boga endog geus indit, babari neangan tempatna.

Endog oraj roepana semoe ngenjod, bangoenna lonjod, bisana měgar koe panasna panonpoë. Aja oge oraj noe sok noempian endogna, saperti: oraj santja; tah eta mah ěndogna teh disileungleuman koe maneh. Koe noe palintěr geus dipariksa, jen dina mangsana njileungleum panasna awak oraj tea tetela nambahan.

Bangsa toetoet, sawareh mah, kajaning anoe gědena něpi ka 20 c.M., ana ěndogan teh, endogna sok sagide endog manoek garedja.

Ari kana endog bangkong mah kawas moal aja anoe bireuk, sarerea oge geus maranggihan, děmi ahengna eta boeroej, nia eta anakna, bět boentoetan sarta roepana teu harib ka indoeng ka bapa, mingpěr kana laoek. Lila' bidjil soekoe, boentoet tea leungit, nja bleg bae patoet indoeng roepa bapa teh tembong.

Pirang² bangsa sato anoe sok pirang ěndoganana, kajaning: bangsa laoek, bangkong, koekoepoe, pěnjoe d.s.t. Ngan oentoeng baebět tara měgar kabeh.

― 235 ―