Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/216

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Laoek kabeljauw ngěndogna dina saoemoerna hiroep teh nepi ka 7 joeta; lamoen endog sakabeh kabeljauw djeung laoek lianna malēgar kabeh sarta hariroep deui něpi ka gěde, meureum moal lila oge laoet anoe sakitoe legana teh pinoeh kabeh.

Oepama kabeh anak-intjoe koekoepoe hidji hiroep kabeh, dina sadjěro tiloe tahoen, eta koekoepoe hidji tadi tea, geus djadi 1 000 000 000 (sareboe joeta) koekoepoe; koekoepoe sakitoe reana, eta, bisa mindingan tjahaja panonpoë datang ka mockan hidji kota gěde. Hadena joetra laoek lalemboet, koekoepoe, koeja d.s.t. sok dihakan koe sato sedjen. Djadi alam noe goemělar ieu salilana ngadjaga bae, soepaja oelah aja anoe leuwih tina perloena.


41. TJINJOESOE OEJAH DI GOROBOGAN.

Di afdeeling Gorobogan (karěsidenan Samarang) aja hidji district, ngaranna Kradenan, pakěmitanana Koewoe. Henteu djaoeh ti dinja aja leutak ngaboerial, katělahna Blědoeg. Tempat anoe aja tjinjoesoean tea bangoenna meh boeleud bener saperti cirkel djeung moendjoekoel loehoerna 3 M.; ari straalna eta boeleudan aja satengah pal. Roepana leutak anoe ngaboerial biroe atawa siga timah, sarta salilana inggeung bae djeung heuleut 20 atawa 30 M. poendjoekoel! moendjoekoel kira aja 1 M. mah loehoerna, bělětoek kitoe, leutakna moenggah njebrot. Gas anoe katembongna bodas siga haseup mětjat-mětjatkeun eta leutak něpi ka aja anoe 5 a 6 M. djaoehna, ana ragrag ninggang kana leutak anoe ngampar tea, terang sorana kadenge koe oerang tinggaréplak. Anoe pangnjatjasna katembongna di doea těmpat.

Eta těmpat, taneuhna saheubeulna baseuh bae lantaran gas anoe tingbělětoek baritoe tea djeung koe tjai anoe rěmběs, sarta teu beunang ditintjak, da běje teuing: koe sabab eta koe djělěma² diarakalan sakoerilingna eta moemoenggang make sasag koe awi, mambrih beunang ditintjak keur djalan; ari ka beh tengah mah, soemawonna kana poeseurna tempat noe tingpělětoes tea, teu aja noe bisa. Děmi eta leutak anoe maloentirat, eta, taneuh ti loear bae, art anoe ti djero mah ngan gas djeung tjai tea bae.

Tjaina rasana asin, sabab aja oejahna. Eta tjal koe oerang dinja sok didjarieun oejah. Ari pětana ngala tjaina kieu: Eta tjai dikotjarkeun kana soesoemoeran, atawa lamoen teu kitoe dikamalirkeun ditandean koe antjak gěde noe didjieun koe awi bebekan ditangkarakkeun, djadi tjal teh ngaroemplang dina hebekanana; di mana katodjo koe panonpoë tjaina njamboeang djadi saab, noe tinggal ngan oejahna bae dina awi tea; njokotanana oejah disendokan, toeloej didjaroeal. Dina satahoenna teu meunang njieun

― 236 ―