Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/218

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Aja deui anoe pěrioe ditoeroet teh, nja eta pantrangan ti doktor anoe keur ngadjalankeun kawadjibanana, misilna: anoe gering ngan meunang dahar kadaharan anoe hade bae anoe ditoedoehkeun koe doktor, lian ti eta teu meunang. Eta pantrangan teh gawena ngan keur ngadjaga soepaja anoe gěring oelah tjllaka; karana pantrang teh aja manpaatna, nja eta mere koeat ka noe gěring. Koe hal eta, hadena mah sakoer anoe dipantrang kitoe teh koedoe naroeroet, oelah aja anoe moengpang, da keur miara awak. Lamoen teu noéroet teh tetela nakěr eta djělěma ěmboeng mlara awak; saha² anoe teu miara awak, sok mindeng meunang panjakit.

. Ari noe gěring mah geus poegoeh deui, pěrloe kabina-bina noeroetkeun pantrangan doktor teh, leuwih manan anoe tjageur, sabab awakna boga kasakit. Dalah pikeun anoe tjageur oge, oelah bae ngalanggar pantrangan doktor teh.

Pěrkara ieu oge, pěrloe dipalikir koe sarerea, naha pangatoeran doktor kitoe teh hade atawa hěnteu?

Djělěma anoe koerang pangartina tina hal ngadahar oebar, tara dipikir deui pitoedoeh sing djělěma oge didahar bae, oenggal poë goenta-ganti oebar, taja hidji anoe aja toeloengna, anggoer kasakitna beuki madjoe. Di mana geus kitoe, geus pajah, geus beak harepan, kakara menta dioebaran koe doktor. Koemaha ann pok teh ngaromong, madjar: geuning doktor teh teu pira pangabisana, teu sabaraha toeloengna, bět teu tereh tjageur dioebaran koe doktor oge. Eta kaliroe, naha bět dipikir jen eta noe gěring teh dibawana ka doktor sanggeus pajah katjida, sanggeusna meh teu bisa tjageur deui atawa memang geus euweuh oebaraneunana deui; tjoba lamoen dipasrahkeunana ka doktor barang kataradjang pisan mah koe kasakitna atawa samemeh pajah, tangtoe anoe gering tereh tjageur deui.

Aja oge djělěma anoe dipěrgasi koe pěrgasi beunang njieunna sorangan, kajaning koe tjengek diběběk toeloej ditinjoeh koe tjai, těroes diinoem; atawa anoe didjieunna papagan sambodja digodog: eta pěrgasi doeanana oge gěde mamalana.

Aja deui anoe moeriang panas dimandian, pikirna: panas lamoen ditjalan tangtoe tiis. Oepama ngarasa tarlris toeloej mojan, mambrih panas. Pěta kitoe teh lain bae euweuh mangpaatna, tapi mamalana gěde deuih.

Sok aja djelema anoe mikir kleu: djoeragan doktor marentahna, koedoe dahar pel kina sapoe doea kali, sakali-kalina 3 siki; ah anggoerai 'rek 6 siki bae sakalina, ambeh tereh tjageur. Teu njahoan manehna, jen lobana oebar teh beunang nimbang noeroetkeun kapěrloeanana djeung hadena; ana loba teuing matak djadi mamala; ana saeutik teuing koerang toeloengna.

― 238 ―