Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/219

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Koe sabab eta dina hal ngadahar oebar, koedoe tigin pisan nja noeroetkeun parentah doktor: waktoena, lobana oebar oelah rek diobah.

Masing ingĕt jen anoe bisa ngoebaran kasakit teh, ngan djĕlĕma anoe paham bĕnĕr bae kana hal elmoena, teu beda tjara noe rek menta pangngomeankeun landjam koedoe ka pandaj, oelah ka kamasan, sabab dina oeroesan landjam pandaj leuwih pintĕr ti batan kamasan. Koe sabab eta lamoen oerang kataradjang gĕring, koedoe gantjang njoehoenkeun oebar ka doktor; oepama euweuh doktor, nja moal dikoemahakeun, hade oerang ichtiar njiar oebar sorangan, ari kitoe mah sakalieun panjakit biasa, tjaraning: moeriang, batoek, koerap djeung sapapadana.

Saha² anoe noeroetkeun papatah doktor, beunang disĕboetkeun geus ngarti kana kapĕrloean dina hiroepna, karana kasehatan badan teh ngadatangkan kasĕnangan.


43. RADEN AJOE POEDJANINGRAT

Djoeragan AJOE POEDJANINGRAT garwa-padmi Kangdjĕng ADIPATI SOETADININGRAT, Boepati Serang marhoem.

Ajeuna andjeunna geus joeswa 95 tahoen leuwih, tapi masih gĕtol keneh bae kana didamĕl, soemawonna hal ngoeroes djeung ngabĕrĕsihan parabot boemi, eta kalangĕnanana ti keurna anom keneh. Basa andjeunna masih keneh linggih di kaboepaten, meh oenggal boelan bae atoeran mĕrĕnahkeunana parabot boemi dirobah, sarta pantĕs bae, da iasa tea mapantĕsna djeung mapaesna. Andjeunna kagoengan hidji panganggo noe tatjan ilahar di oerang Priboemi, nja eta bĕrseka katjida, ahli bĕbĕrĕsih; boemi katoet parabotna pantjaraken, nja kitoe deui pakarangan teu beunang plisan aja kotor-kotor. Ngatoerna boeboeleudan anoe dipĕlakan roepa² kĕmbang, ngatoer pot di pajoen djeung di pakarangan, kabeh beres djeung pantĕs, djadi pamoedjian bangsa Eropa. Andjeunna iasa natamoe djeung sĕnĕng deuih kana natamoe teh. Pasosore sok loba toean², njonja² djeung nona² anoe aramĕngan ka kaboepaten, maen cricket djeung salianna, nĕpi ka rea anoe taroenangan sarta tĕroes datang ka ngadjodona.

Nĕpi ka ajeuna, sakitoe geus sĕpoehna teh, andjeunna masih keneh bae sok didamĕl koe andjeun, ngatoer djeung ngoeroes kĕkĕmbangan tara ngandĕlkeun ka rentjang bae, nja kitoe deui njiramna mindĕng sok koe andjeun; kawasna geus teu iasa bae

nganggoer teh, da boektina taja pisan tjalikna, aja bae anoe

- 239 -