Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/220

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

dipidamĕl teh; sagoegah koelĕm tĕroes bae didamĕl: njiram kĕmbang tea, ngabĕrĕsihan pantjaraken (meubel), ngabĕrĕsihan piring djeung gĕlas tea, atawa salian ti eta. Loembrahna bangsa oerang mah, soemawonna di pikampoengan, dalah di kapala oge, ngoembah piring atawa gĕlas teh sok koe lĕboe; djoeragan Ajoe mah salilana oge koe saboen bae.

Ari eta djoeragan AJOE POEDJANINGRAT teh toeroenan menak Bantĕn estoe:

Ramana djĕnĕnganana Toebagoes MAHMOED, Toebagoes MAHMOED poetra Toebagoes ARIA HASAN, toeroenan Soeltan MA'ALI AHMAD. Toebagoes ARIA HASAN kagoengan geureuha ka Ratoe FATIMAH poetrana Pangeran DJAJA KOESOEMANINGRAT, poetrana Soeltan DJAEN'OESSALIHIN, anoe katĕlah Soeltan Agoeng Kasĕmen tea.

Dĕmi ti iboe toeroenan ti Soeltan ABOENASIR ABDOELKAHAR, anoe katĕlah Soeltan Hadji.


44. DANGDANGGOELA LAOET KIDOEL.[1]

Laoet kidoel kabeh katingali,
Ngĕmbat paoel kawas dina gambar,
Ari ret ka tĕbeh kaler,
Batawi ngaroenggoenoek,
Laoetna mah teu katingali,
Oekoer lĕbah-lĕbahna,
Sĕmoe biroe,
Ari ret ka kaler-wetan,
Goenoeng Gĕde djiga noe ngadjakan balik,
Meh bae kapioehan.

Matak waas patjampoer djeung sĕdih,
Goenoeng-goenoeng kabeh narembongan,
Goenoeng Pangrango ngadjogo,
Bangoen noe diharoedoem,
Ngadagoan noe tatjan soemping,
Njĕri doemeh ditilar,
Mani aloem ngoejoeng,
Ngoejoeng woejoeng karoengroengan,
Ngan didjieun Pangrango tjitjiren nagri,
Nagara Padjadjaran,

  1. Kintoenan djoeragan Kalipah Apo, Bandoeng.

- 240 -