Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/222

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Padjadjaran tilas Siliwangi,
Wawangina noe kari ajeuna,
Ajeuna nja dajeuh Bogor,
Batoetoelisna kantoen,
Kantoen ifwoeng djaradi pikir,
Mikir noe disadana,
Hanteu soeroed liwoeng,
Teuteuleuman kokodjajan,
Di Tjiliwoeng noendjang ngidoel Siliwangi,
Noeoes di Pamojanan.


Pamojanan djadi těpiswiring,
Dajeuh maneuh nagara baheula,
Tjirina nja Goenoeng Gěde,
Kiwari nja Tjiandjoer,
Kaler-wetan sadjadjar deui,
Djiga Goenoeng Mandala,
Mandalana hajoe,
Hajoe soteh hajoe poelang,
Langlang-lingling dina loehoer mega miring,
Njangsang di mega malang.


Reg ngaranděg lěbah Goenoeng Poetri,
Děmahdoehoer dajeuh Pantjatengah,
Direret ngabengbreng koneng,
Goenoeng Tjoepoe ngarioeng,
Kawas anoe eukeur badami,
Rawang sagala herang,
Parongpong ka Bandoeng,
Boerangrang noe ngarangrangan,
Parahoena nangkoeb něpi ka kiwari,
Teu djadi lalajaran.


Ngan didjieun tjiri toenggoel nagri,
Dajeuh Bandoeng sirahna Priangan,
Oeroet noe rek paparahon,
Ngaběndoeng Tjikapoendoeng,
Poendoeng soteh bongan teu djadi,
Teu djadi lalajaran,
Hanteu toeloes ngaloen,
Sang Koeriang kabeurangan,
Sanggoep měndět Tjitaroem toetas sapeuting,
Tjidra tina soebaja.

241