Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/224

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Mipir-mipir dina katoembiri,
Mapaj njoekang dina kilat pandjang,
Awor dina mega hedjo,
Goenoeng patingparěntoel,
Pasir-pasir di sakoerlling,
Tembong ti mega malang,
Kabeh mere sěmoe,
Sagara mangoendjar-ngoendjar,
Anoe ngapoeng soemiriwik batan walik,
Djeg heulang pateuh djangdjang.


Soemiriwing angin ngahariring,
Raranděgan Raden pangapoengna,
Ngadongdon noe kapiomong,
Naloetoer noe katjatoer,
Ngilik-ngilik geusan keur ngantjik,
Anggang 'mo boeroeng datang,
Djaoeh wande tjoendoek,
Tembong daoen kalapana,
Tingaroelang oesik katěbak koe angin,
Dajeuh di Padjadjaran.


Kidoel-wetan katingali deul,
Rěměng-rěměng djeg Goenoeng Tjikoeraj,
Ngadaweung sěmoe noe ngantos,
Tjitjiren dajeuh Garoet,
Pangiroetan ka noe teu soemping,
Soemping oeroet patoeraj,
Ngamanggoengan loengsoer,
Nagara di pameungpeukan,
Leuleuf eureun ningall ka Kandangwěsi,
Bongan Galoeh kabandan.


Saoer Dewi geuning aja deui,
Teu kabilang keur di mega malang,
Nembongan kawas noe ambon,
Horeng Goenoeng Galoenggoeng,
Patilasan Galoeh noe moelih,
Soeka kari doekana,
Poerana di pajoen,
Kahalangan koe Tjiwoelan,
Rěg ngaranděg kairid koe Tjimawati,
Loejoeh-lajah keusikna.

-243-