Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/228

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca


kaleukeunanana bae djadjar maos boekoe-boekoe djeung soerat kabar Walanda digendeng koe woordenboek. Salian ti iasa basa Walanda, andjeun a tingali oge basa Parasman saeutik-eutikeun. Loba bangsa Eropa anoe sasaoeran ka andjeunna koe basa Walanda, tapi ari andjeunna mah sok ngawalon koe Malajoe bae. Tina kapintĕranana. loba pangangoeng Walanda anoe malaparin tawissotja ka andjeunna roepa2 barang anoe araneh djeung marahal hargana.

Dina tahoen 1888 Toean Mr. H. D. LEVIJSSOBU NORMAN, rengrengan Kamĕr di nagri Walanda geus ngarang hidji boekoe, anoe njarioskeun oge hal jasana djeung kasatiaan andjeunna ka Goepĕrnĕmen.

Kira pidoea-tahoeneun deui kana wapat, andjeunna ngadamĕl makam anoe santosa katjida, ngaranna Goenoeng Sirnajasa.

Keurna djoemĕnĕng keneh. sanggeus kabopaten roeboeh koe angin, andjeunna boemen2 di Sĕlagangga, pĕrnahna sakidoeleun kabopaten. djaoehna kira2 saparapat pal. Pĕta-pĕtana eta. boemi, panggoeng sarta gĕbjog kabeh; ti pajoen dikarantjang koe oekiran. Sagala anoe aja di boemi djeung di pakarangan, boh pĕpĕlakanana atawa saoeng-saoeng djeung lianna ti eta, kabeh aja hartlna djadi pĕrlambang. Malah andjeunna midamĕl kĕlir koe kai dioekir; dina eta kĕlir kabeh noegraha ti Goepĕrnĕmen djeung sakabeh tawissotja ti para pangagoeng diajakeun.

Andjeunna ngadamĕl patamanan, dlsĕboetna Djambansari, paranti kĕmpĕlan djeung sëpoeh2 dina oenggal poĕ Ahad isoek2; di dinja aja papan anoe ditoelisan tëmbang kinanti:

Djamban tinakdir Jang Agoeng,
Tjaina tamba panjakit,
Amal djariah kaoela,
Bopàti Galoeh Tjiamis,
Arja Koesoema di Ningrat.
Medali Mas, Pajoeng-Koening.

Ari ajeuna gĕdong Sĕlagangga djeung Djambansari tea, geus roentag, ngan kari tilas-tilasna bae.



46. TJADOE ATAWA BOEJOET.

Djaman ajeuna hĕnteu pati loba menak2 Soenda anoe roemawat sarta goemati kana kasoesastran Soenda, soemawonna bangsa nonoman anoe ariasa basa Walanda mah, arang langka pisan anoe rĕsĕp ngoelik basana teh. Ari djaman kapoengkoer mah loba pisan para bopati djeung menak-menak, anoe kĕrĕsa ngaroelik kasoesastran , ngadji djinisna basa, ngadjoedjoet galoerna tĕmboeng, awas waspada kana kasoendaanana.

- 248 -