Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
b. Naek kareta kĕlasna beda djeung noe disĕboet dina kaartjis.
c. Tjitjing bae dina kareta, padahal geus tĕpi ka station noe didjoegdjoeg.
d. Naek kareta hĕnteu noeroet sakoemana parentahna ponggawa kareta api.
e. Asoep kana kareta, atawa njoba-njoba asoep, atawa mangngasoepkeun batoer kana kareta, atawa moeka panto, atawa ka loear tina kareta, waktoe kareta leumpang keneh, atawa tatjan eureun běněr.
f. Toeroen tina kareta, kaloear tina panto, lian ti noe diboeka koe ponggawa kareta api.
g. Oedoed dina kareta anoe aja toelisanana, jen dilarang oedoed.
h. Lalaki asoep kana kareta, anoe dibakoekeun pikeun awewe bae.
i. Njidoeh dina djĕro kareta.

Pangagoeng kareta api dikawasakeun menta karoegian ka djělěma-djelēma, anoe ngotoran atawa ngaroeksakkeun naon-naon, atawa anoe njowehkeun koelamboe djeung sabangsana; eta karoegian tea koedoe dibajar harita keneh.

Djělěma-djělěma meunang mawa barang-barang kana kareta, tapi koedoe noe leutik, noe beunang diteundeun di handapeun atawa di loehoereun těmpat dioek, asal hĕnteu njoesahkeun ka batoer.

Hal mawa barang-barang noe kitoe teu koedoe make soerat, tapi koedoe didjaga koe noe boga sorangan.

Dilarang mawa barang-barang anoe sok bitoe, atawa anoe matak njoesahkeun atawa nyalĕmpangkeun, bisi ngaroeksak kana kareta komo deui sasatoan, bědil dieusi djeung sabangsana.

Djĕlěma noe ngalanggar ieu atoeran, misti ngaganti sagala karoegian djeung dihoekoem, sakoemaha noe kasĕboet dina reglement kareta api.

Lamoen ponggawa kareta manggihan barang-barang noe kitoe, eta barang koedoe dipindahkeun kana kareta barang, atawa ditoeroenkeun tina kareta, di station boh halte anoe pangmimitina kaliwatan.




24. BOEKOE DOKTOR.

TINA HAL KATJANG.

Katjang pandjang atawa k. toeroes. Sarerea oge geus moal aja noe bireuk kana katjang pandjang mah, da meh di sakoeliahna aja bae pělak katjang pandjang teh nĕpi ka těmpat anoe loehoerna ti laoet 2000 kaki mah, oerang sok manggihan bae kĕbon katjang pandjang.

Katjang ngora dipikabeuki koe sarerea, aja anoe didahar atah bae didjieun lalab, aja anoe dikoeloeb atawa diseupan heula didjieun

― 54 ―