Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/24

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi


pasak sajoer, diangeun atawa didjieun gado-gado; aja oge anoe sok ngoerab katjang: lamoen oerang arek ngoerab katjang, seupan katjang koe oerang koedoe diteukteukan parondok, toeloej dioejahan sarta dikalapaan beunang maroed, diboengboean koe bawang beureum beunang ngarendos, bawang-bodas, tjikoer saboekoer djeung ditjidjĕroek-mipisan saeutik. Di Djawa-Wetan siki katjang pandjang anoe geus asak, dina oesoem paila, sok digodog, pek dioejahan djeung dikalapaan beunang maroed, koe oerang dinja disĕboetna krawon; eta sok diparake minangka panjĕlang. Kadjaba dikitoe, sok dipake njampoeran kĕtan atawa tjĕre make kalapa diparoed, diseupan didjieun leupeut. Daoen katjang noe ngora sok didjarieun lalab, boh atah boh seupanna. Awewe anoe keur njoesoean sok dahar seupan daoen katjang, pambrihna djoeoeh tjisoesoe. Daoen katjang dirieus djeung tĕwas saeutik, toeloej dibaloerkeun kana soesoe, watĕkna njaatan tjisoesoe.

Katjang-herang. Ieu katjang tamba anoe mandjoer katjida kana kasakit beri², sarta aloes pikeun didjieun panjĕgah deuih. Koe noe boga kasakit beri², eta katjang koedoe didjieun kadaharan, anoe babakoe, tjara noe tjageur kana sangoe. Katjang herang eusina loba bobodas-ĕndogna, boga watĕk tjara pĕrgasi djeung kana djadjantoeng matak koeat; koe sabab eta matak sĕnang boengah ati djeung aloes kana oerat² deuih.

Keur anoe sok ngoeloewoet pikir djeung koerang koeat badan, sop katjang-herang ditjampoeran koe boullon, gĕde pisan toeloengna; kitoe deui keur boedak anoe hengker, parias djeung mĕsoem taja goeam, hade pisan. Poetjoek katjang-herang, seupanna, sok diangeun, eta hade kana kawarasan badan.

Kadaharan anoe pang-pangna anoe didjieunna koe katjang-herang, nja eta koeëh-satoe. Noe didjieun: tipoeng katjang-herang djeung goela, toeloej bae ditjitak. Di Tjitjoeroeg, afdeeling Soekaboemi, aja hidji Tjina anoe sok nipoeng katjang-herang: eta tipoeng koe manehna sok didjoeal, diboengkoesan laleutik, disĕboetna oeng hwe, Oeng hwe babari pisan diboeboerna atawa didjieun ongol-ongol; eta hade didahar, matak sĕgĕr djeung matak lĕmpĕr kana hate.

Katjambahna deuih katjang-herang teh didjieun lalab, sok didjieun roepa² pasak sajoer djeung didjieun gado². Dĕmi njieunna katjambah² katjang-herang teh dikeueum sapeuting; isoekna oerang mawa boboko diamparan djarani, boh sapoe atawa eurih beunang neukteukan, woer diawoeran katjang beunang ngeueum tea, badeul ti loehoerna disapoean, ngoedjoerna papalang-palang djeung noe ti handap tadi tea, woer deui diawoeran katjang beunang ngeueum tea . . . . . . djeung satĕroesna. Eta boboko koedoe diteundeun dina tĕmpat anoe tiis, djeung koedoe dikepret koe tjai dina