Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/232

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca


gĕgĕden dajeuh. Sameuntas istrenan, koempoelan para sĕpoeh2 sakadang-warga sarta mawa katoeangan miwah sangoe sapiambĕk-sapiambĕkna. Barĕng saderekna panganten noe diistrenan diboeka toempĕngna sangoe beureum. lahiran panganten: Eh! kakang horeng beureum! Manahna rakana miarsa saoer kitoe indit narik doehoeng saboek intĕn panganten indit deui, barang ngalengkah tikaridjĕt koe beulitan tjinde, nintjak boker perak, tisoledat, gédĕbloeg roeboeh, toeloej ditoejoeng koe rakana ditĕwĕk koe kĕris saboek intĕn, babar pisan paeh. Sameuntas gehger ngoeroes majit, ramana njaoer toeroen tjadoe boga bokor perak satjara sabatoerna tadi.

8.

Tjadoe njieun sara boga imah panggoeng. Toeroenan desa Tjibodas-hilir. Awit ti kiai Toemĕnggoèng Wiranangga; waktoe djadi wakil bopati Tjiamis. Moelih seba ti Mataram, dibahanan koe Soeltan hidji piagĕm angkatan bopati Banagara sarta diwakilan ngadawoehkeun ka para abdi Banagara noedoehkeun noe djadi bopati gĕbrahkeun piagĕm angkatanana. Barĕng datang ka boemi panggoeng, piagĕm digĕntos oengĕlna, andjeunna noe djoemĕnĕng bopati. Kalampah geus didawoehkeun, oengĕling piagĕm pada miarsa jen andjeunna noe djoemĕnĕng bopati di Bana­gara. Lila-lila piagĕm noe estoe ti Mataram ragrag ka kolong boemi kapanggih koe noe toegoer; oerang Banagara, ngaran aki Pawindon. Barĕng geus nĕpi ka oesoemna diganti. aki Pawindon balik tina patoegoeran, soerat noe timoe ti kolong dibawa dibikeun ka noe boga, nja noe diangkat Raden Pandji Aria Djajanagara .

Bral angkat ka Mataram, dipihatoer ka Soeltan tindakna kiai Toemĕnggoeng Wiranangga, dina waktoe seba pĕpĕkan prabopati, dipariksa katranganana katoeran kiai Toemĕnggoeng Wiranangga masih palsoe. reh Roden Pandji Aria Dajanagara teu katingalieun, sĕbab diboenikeun koe Pangeran Panĕmbahan. Ti dinja Toemĕnggoeng Wiranangga rek dihoekoem pati. disoehoenkeun keur(') boepati Banagara, kapasihkeun.

Sasoempingna ti Mataram kiai Toemĕnggoeng Wiranangga rag­rag saoer, satoeroenan andjeunna tjadoe kagoengan imah panggoeng.

9.

Tjadoe ngingoe koeda dawoek-bang sarta make apoes kadali kanteh beureum. Asal ti Sang Adipati Panaekan, boepati Galoeh waktoena dibradjag koe mĕrtoeana, pra-




(') Koedoe koe soeroepna mah, sanes keur Poeradiredja.
- 251 -