Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/233

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca


boe di Moentoer nitihan koeda dawoek-bang, make apoes kadali kanteh beureum. Noe matak dibradjag, margi dipitěnah koe garwa, nami Njai Mas Nataboemi, nja eta poetrana Praboe di Moentoer, noe dipigarwa koe Sang Dipati Pamoekan. Ti dinja ramana Praboe di Galoeh Tjipta Pěrmana kagoengan saoer, tjadoe kagoengan koeda dawoek-bang sarta kadali apoes kanteh beureum.

10.

Tjadoe mělak pare beureum, dahar mah hade. Oerang desa Sadananja aja noe tjadoe mělak pare beureum. Adal-asalna karoehoenna boga anak awewe geulis, kawěntarkeun ka nagara. Rek disělir koe Ratoe, si boedak teu daekeun, dipaksa koe piwarangan. Si boedak loempat ka hoema diteangan koe indoeng-bapana sarta piwarangan, wěleh teu kapanggih. Bapana dibawa koe piwarangan dihatoerkeun ka Ratoe magar moenikeun anakna, toeloej diberok. Saoetjoelna tina siksaan moelang ka lěmboer, anakna kasampak geus datang, ditanja: Njamoeni ti mana? Omongna: Njamoeni dina pare beureum „ongkoh bapa ge kadeulen koe kaoela tingkaroreh neangan di dinja!” Bapanan ragrag omong: „Ajeuna satoeroen-toeroen aing oelah deui mělak pare beureum dene si matak diares.

11.

Boejoet ninoen kasang. Toeroenan Tjibodas, Tjiamis, Asal karoehoenna istri binangkit sangkir ngeujeuk. Dina hidji waktoe tjarogena angkat djaoeh, arina soemping kasampak istrinan keur ninoen kasang. Dina piseureungan aja soerat ngagoler, ditěrka soerat bobogohan. Teu dipariksa deui, tjarogenan kaboeroe napsoe, noe keur ninoen djědak ditěwěk, babar pisan. Ari geus reureuh napsoe, soerat dibatja, horeng soerat ti andjeunna oengěl soemono. Ti dinja anjeunna ragrag saoer, satoeroenan oelah rek ninoen kasang.

12.

Tjadoe make tangkal kalapa. Aja hidji djalma ngaran Mastal, imah-imah di desa Tjikoneng, tjadoe make tangkal kalapa. Kawit baheulana pakolotanana boga hidji anak lalaki leutik, keur sila di bale, tihang pangkal kalapa eunjeuh. anakna naradjang ka bapana, aja sahidji peso ngagoler keuna ka boedak, katoeblěs těngah leungeunna, babar pisan paeh. Ditoeloengan koe doeloerna, eta doeloerna katjogek koe haroepat kalapa, babar pisan paeh. Ti dinja bapana ragrag omong, tjadoe boga imah bale tihangan kalapa.

- 252 -