Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/234

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

113.

Tjadoe noear tangkal kondang sarta njatoe boeahna. Aja hidji djalma ngaran Karsiah. imah-imah di desa Tjikoneng, tjadoe noear tangkal kondang sarta njatoe boeahna. Kawit lampah pakolotanana baheula djaman pëpërang moeboes ka leuweung kana doengoes, aja tangkal kondang, njalindoeng kuna tangkal kondang gĕde, diteangan koe brandal teu kapanggih. brandalna leumpang djaoeh tina tangkal kondang. Balik ka imahna. Ti dinja ngoempoelkeun batoer-batoerna menta disaksian tjadoe noear tangkal kondang sarta njatoe boeahna.

14.

Tjadoe njatoe djengkol. Sahidji djalma ngaran Nangga, imah-imah di Tjikoneng, tjadoe njatoe djengkol. Kawit lampah pakolotanana baheula boga anak hidji, beuki pisan djengkol, toeloej ngala djengkol di leuweung. Sanggeusing ngala djengkol, dihandapeunana njatoean djengkol, gantjangna djengkoleun sampe paeh. Diteangan koe bapana kapanggih handapeun tangkal djengkol geus paeh, toeloej dibawa ka imahna, balik dioeroeskeun majitna. ti dinja bapana ragrag omong, satoeroen-toeroenan manehna tjadoe njatoe djengkol,

{c|15.}}

Tjadoe njatoe laoek lele sarta koeloer. Sahidji djalma ngaran Amboe Baros, imah-imah di Tjikoneng tjadoe njatoe laoek lele sarta koeloer. Kawit lampah pakolotanana baheula djaman pĕpĕrang maroeboes ka leuweung ka noe bala: di noe bala aja tangkal koeloer sarta di handapna aja tjaloebakna tjai. Maneh­na naek kana tangkal koeloer tjitjing dina dahanna di loehoer. diboeroe brandal datang kana tjaloebakna, manggih lele keur ngoemls. Eta brandal kapĕgat koe laoek. toeloej maroeloengan laoek, geus maroeloengan, toeloej baroedal. Sanggeus boedal brandal manehna toeroen ka handap ballk ka imahna. Ti dinja manehna ragrag omong menta saksi, tjadoe njatoe lele sarta boeah koeloer.

16.

Tjadoe ngokos atawa nĕda hoeloe hajam. Aja hidji djalma ngaran Asklam, imah-imah di Tjikoneng, tjadoe njatoe hoeloe hajam. Kawit lampah pakolotanana nikahkeun anakna. datang ti masigit ngarioeng sidĕkah dalahar. Panganten lalaki njoren kéris brodjol ngarendeng djeung panganten istri, katema

- 253 -