Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/238

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca


Sorangan pisan di noe sakitoe sĕpina, handapeun damar-sewoe anoe sakitoe tjakoeeumna.

Koering ngarandĕg, ngawsskeun eta damar-sewoe.

Koredjat eta boedak teh tina korsina, tjĕg kana iteuk pandjang. Koleweng! djlëg nangtoeng gigireun koering.

Ret neuleu damar-sewoe tea, ret deui ka koering. Moal boa ngarĕp2 koering ngomong, kawasna bae hajangeun dipoedji damar-sewoena. Koe sabab eta pok koering ngomong: „'Na aja W aloes2 teuing! djeung koe araloes hoeroengna!”

Barang koering geus ngomong kitoe, pok boedak teh tjatjarita, sora boedak noe bentes tea, mentjrang pinoeh koe kasoetjian. ati boedak, ngeunah ni'mat kabina-bina kadengena. Soemawonna keur anoe geus karagoengan poetra mah. Koe koering dirĕgĕpkeun pisan tjarita boedak teh.

Eta W teh, beunangna sorangan dibantoean koe bapana, Mimitina meuli bebekan kai, toeloej disaroegoe koe doeaan, Meunang njoegoe dipotongan noeroet oekoeran; pek dipasang, nja djadi W. Eta W teh gëde pisan, katjiri basa diteundeun dina medja toengtoengna narogag tina sisi medja. „Toeh, geuning sakitoe djangkoengna, meh sami sarĕng koering”.

Aja bangoen noe reueus2 teuing eta boedak neuleu djieunna pribadi, meusmeus ret dideuleu, meusmeus ret dideuleu.

Geura, toeh! mimitina koe manehna ditjet beureum. Toeloej koe bapa diliangan keur tĕmpat ngagantoengkeunana. Ema mangngapoetkeun banderana, koe mĕsin. Itoe dasina, toeh! itoe kentja katoehoe, eta oge beunang ĕma keneh.

..Oedjang!” tjek koering dina hate, na mana bagdja-bagdja teuing, maneh”.

Pasosore tjĕmporna koe bapa ditĕrapkeun, toeloej dîseungeut. Toeh! aja tjaang.

Ari bapa ka mana? Bapa djeung éma ka darajeuh, laladjo raramean. Adina noe awewe oge miloe, Ari manehna mah hĕnteu, tangtoe bae moal miloe. Da keur pinoeh koe kasoekaan. Kamĕgahan koe damar-sewoe djieunna pribadi.

Naha manehna ngan sorangan pisan di imah? Hih, hĕnteu. Nini aja di djĕro, keur gegelehean. Geus kolot pisan. Tapi tadi mah, sore keneh, miloe nilik W tea; nini oge rĕsĕpeun nakĕr. Aloes pisan, tjĕnah.

Eta kabeh koe boedak tea ditjaritakeun ka koerîng. Sabab katendjoĕun koe manehna, jen koering hajang njaho saha noe njieun eta W sakitoe aloesna, djeung miloe rĕsĕp deuih. Pangirana koering teh heran neuleu kaaloesan W -na tea. Teu njahoĕun jen koering rĕsĕp kamanehna, djeung meunang ni'mat ti manehna. Rasana. naon manehna mah? Pilakadar 'ge boe-

17

- 257 -