Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/237

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca


djeung di djalan toko-toko anoe make bilik gĕdah ti hareupna, mani mabra.

Djĕlĕma kabeh njalampeurkeun moro tjaang, tjara bakatna siraroe bidjil ti peuting.

Meureun harita ngan koering sorangan anoe sabalikna ti djĕlĕma rea. Sorot anoe tingtjorolot, sinar anoe galoemĕbjar mawoer mantjoer mantja warna, tjahaja anoe tingpalontjorong, eta kabeh, harita hĕnteu matak kasĕngsrĕm, ..... koering leumpang ngan sorangan pisan ngadjaoehan hareudang bajeungjang, watĕk loba djĕlĕma; koering neangan tĕmpat anoe sĕpi soenjaroeri, anoe poëk měděm taja tjahaja, ..... ka kampoeng anoe baloeboeroeh, ..... djaoeh aja di sisi dajeuh.

Harita di dinja leuwih poëk ti sasari. Lian ti lanteran-djalan taja deui tjaang2 . Waroeng djeung toko2 laleutik taja anoe njeungeut damar, sabab nadjan diseungeutan lampoe oge moal aja anoe barangbeuli. Toeroeg2 noe nokona ka darajeuh deuih.

Imah2 hĕnteu aja noe alagreng tjara sasari, istoe tjarakoeeum ajeuna mah, ngan aja hidji-doea anoe djandelana tjelak2 rada tjaraang, meureun nini2 djeung aki2 taraoenggoe imah, hĕnteu ka roeateun ka dajeuh, atawa aja noe gĕring soegan mah.

Rasa hate koering tiis djĕmpling sirna katjida. Lĕbah dieu djĕmpe kabina-bina. Lengkah oge nĕpi ka kadenge koe sorangan, ngitjiplik sada aja noe noetoerkeun. Lĕbah popoëkna pisan koering tanggah ka langit, ..... toeh! mani baranang bentang tingkaritjeup. Na aja aloes langit hideung semoĕ2 biroe ditarapang koe bĕrlian mangjoeta-joeta. Sinarna kalanggĕngan ..... tjaangna bawana njĕnjĕs tiis moenggah njĕrĕsĕp. Ni'mat Allah!.

Toeloej koering mengkol ka djalan-djadjahan. Toeh! beh djaoeh tjelak2 aja damar ..... kawasna aja dalapan atawa salapan! katembong tingkarĕtip. Dipasang dina hareup imah. Damar-sewoe, geuning!

Ieu mah damar-sewoe teh damar-tiiseun, dipasang di sisi djalan sĕpi.

Toeloej koe koering disampeurkeun.

Euleuh, horeng teh aksara W geuning, koe kai ditjet beureum. Ti loehoer make tjĕmpor-bĕling opat, ti tĕngah tiloe, ti handap doea. Djadi kabehna aja salapan. Enja hĕntĕu loba te mah tjĕmporna. tapi hoeroengna araloes, tjaang. Kawoewoeh taja tjaang sedjen anoe ngoengkoelan deuih, da di dinja euweuh lampoe gas atawa listrik. Estoe pangpoendjoelna, .... radjana!

Loehoereun W tea make pĕlĕngkoeng doea koe bandera, sarta dipapaesan koe dangdaoenan, djeung toengtoengna kentja-katoehoe make ditjangreud koe oranje, didasikeun.

Ari handapeun W, - W damar-sewoe tea, deukeut lawang, aja hidji boedak lalaki kira oemoer 10 tahoen, dioek dina korsi: ngan

- 256 -