Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/240

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

49. DONGENG-DONGENG NOE ARANEH[1]

a. SASAMBATNA GALATIK.

Doeh manoesa mahloek loehoeng,
Noe pangmoeljana saboemi,
Moega sing njata waspada,
Manoesa djeung manoek sami,
Sasami toenggal kahanan,
Ngan toeměrapna noe lain.

Bět adigoeng koemaloengkoeng.
Ngědirkeun pintěr berboedi,
Angkeuhan gagah-pěrkosa,
Wenang nganiilik saboemi,
Sakarěp sawěnang-wěnang.
Njiksa manoek sato leutik.

Kami teu soeka saestoe.
Teu soeka rasaning ati,
Da oerang papada oemat,
Kagoengan Noe Maha Soetji,
Taja noe moerba wisesa,
Noe kawasa namoeng Goesti.

Allah Anoe Maha Agoeng.
Noe ngajoega pati-hoerip.
Kěrsana kapen kinarja,
Saeusining boemi-langit,
Kabeh teu dibeda-beda,
Nadjan djirim gěde-leutik.

Manoesa tinakdir loehoer,
Leuwih binangkit berboedi,
Poendjoel ti sasama hewan,
Geus komo ti manoek leutik,
Geus tangtoe bae meunangna.
Panalar boedi pamilih.

Nanging poma mangka emoet,
Jen manoesa mahloek leuwih,
Pangaoeban salo-hewan,
Manoek eusi boemi,
Anoe liar njiar hakan,
Matjok sakoer noe kapanggih.

  1. Asalna Mina basa Djawa, karangan Mas Djolari Hardjohatırodjo
-259-