Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/241

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Tindak-tandoek noe toemandoek,
Oelah ngan nganteur napsoe dir,
Sakarěp pamawa hawa,
Hawaning panggoda ati,
Masing emoet sato-hewan,
Koedoe njatoe tali-hoerip.

Lamoen djalma neuleu manoek,
Noe eunteup njiar rědjěki,
Oetjla-atilo njlar hakan,
Kěbat bae njokot bědil,
Gagah djeg taja kagila.
Teu aing senapati.

Kawanina ngan ngamoesoeh,
Sato hina manoek leutik,
Komo moen pareng manggihan,
Di sawah manoek keur minit.
Sosoak djeung djoegroeh-djigrah,
Njingsieunan lir běběgig.

Tah polah manoesa kitoe,
Parandene kadjeun teuing,
Dapon ěnja manoek salah,
Mipit pare matak roegi,
Sabab geus kitoe loembrahna,
Anoe goreng dipildjid.

Djalma tělěngěs kalangkoeng,
Euweuh kawělas kaasih,
Manoek hiběr paboerentjaj.
Dikeprokan djeung gěgěbrig,
Ngoeliběng di awang-awang,
Hajang njatoe hěnteu manggih.

Nadjan kami teu panoedjoe,
Tapi kitoe mah kaharti,
Da poegoeh manoek noe salah,
Matak roeksak matak roegi,
Noe tělěngěs saestoe mah,
Njoempit manoek noe teu sisip.

Moen manoesa neuleu manoek,
Noe keur boengah soeka ati,
Doepang-depong lalaoenan,

260