Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/242

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Diběběnér ngetjeng soempit,

Noe diarah sěnang-sěnang,

Njahona geus tidjoempalik.


Manoesa kabeh ge hasoed,

Ngan ngarah pati noe leutik,

Ja Allah noe sipat Rahman,

Manoesa hianat teuing,

Njiar akal djeung tarekah,

Karepna ngan djoelig-děngki.


Deudeuh teuing, deudeuh teuing,

Ja Allah, ja Rasoel'oellah,

Geuning ěndog ditjarokot,

Dipalingan koe manoesa,

Dipake kaoelinan,

Teungteuingeun abong poendjoel,

Sok siga naon moen měgar.


Disarada tingtjaritjit,

Heug koe aing dipakanan,

Oenggal poë beuki gěde,

Engkena barisa njaba,

Njiar hakan sorangan,

Dipatjok dibawa, ngapoeng,

Karasa teuing karasa.


Naha kanlaja teuing,

Itoe geuning ditalian,

Soekoena pageuh dipangrod,

Adoeh njawa pileuleujan,

Deudeuh-deudeuh ěmh oedjang,

Takdir maneh kadar indoeng.

Njorang balai mamala.


Doeh Goesti Noe Maha Soetji,

Abdi něda pangampoera,

Sareng moegi mihawatos,

Kěrsa ngabalik manoesi,

Masing gadoeh kawélas,

Welas ka papada mahloek.

Anoe koemělip di doenja.


Goesti henteu klat teuing.

Ningal manoek ditalian,

Hiber teu knoer ditjěntok.

-261-