Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/243

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Dikeukeupeul disangsara,

Dipake kaoelinan,

Adoeh itoe moenggah tjingkoed,

Soekoena potong noe kentja.


Manoek maneh montong tjeurik,

Sangga koe sabar tawěkal,

Sanadjan něpi ka paeh,

Poma oelah rek sasambat,

Sing panteng nja paněda,

Giněleng golong ngagoeloeng,

Eninging tingal sanjata.


Dibajoean ati wěning.

Koe tarima djeung nalangsa,

Roemasa djadi panggendeng,

Pasrah kana bardja awak,

Pěrtjaja djadi daja,

Pěrtjaja adil Jang Agoeng,

Kabeh noe toemiba rahmat.


Noe ngarang samboeng pinatoer,

Ka nonoman djalěr-istri,

Larapkeun kana salira,

Sasambaina noe prihatin,

Raoskeun mangka karasa,

Noe laip noe nandang njěri.


Pihatoer rinakit kidoeng,

Koemana rasaning ati,

'Moen oerang anoe njandangna,

Tjatjakan ngan oekoer njanding,

Sakieu soemeredetna,

Paoer linoe lir koe hinis.


Manoesa anoe lindehoeng,

Ingétkeun patjosan lali,

Oelah tjara noe kasasar,

Sasir lir teu boga pikir,

Rasakeun mangka karasa,

Adji sing tatas patitis.


Moegi-moegi nja panoehoen,

Dipaparin noegraha sih,

Laksana maksad noe ngarang,

Nonoman paměgět-istri,

Sing moebjar boedi panalar,

Djadi manoes oetami

-263-