Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/266

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

kapanggih, ti asal moelana, kantenan prantos aja, katawis jen diraradjin afdeeling Lěbak, nanging teu atjan djadi.

159. Karek němbe aja oge sawatara, malah kalima district, nja sakitoe pisan, karek sakadar chadjat, atjan radjin dirěrěsik, noe mangka sěnang, lambangsari kadangding.


XI.


160. Poepoeh lambang noe kasěrat, tiba-tiba sanggeus dongkap, Kangdjěng Assistent ajeuna. Toean Van der Ven djěněngan, ari Kangdjěng Boepatina, Dalěm Soerja Nata Ningrat, oenggal tahoen tambah-tambah, rahardja afdeeling Lěbak.

161. Nanging abdi teu tiasa, mioendjoek hidji-hidjina, namoeng manawi-manawa, tina sabab bidjaksana, anoe agoeng sadoeana, boektina kieu djadina, koemaha noe parantosan, kaoeningan pandjěněngan.

162. Ti dinja koela wangsoelna, beh pasěpoeh ari eta, pasal kabidjaksanaan, geus koedoe ka sadajana, jen lahir di alam doenja, paribasa noe běrakal, běrboedi ingětan limpad, djoemblahna opat pěrkara.

163. Anoe něrangkeun boektina ieu koela ngabedjaan:

A. mikir dina hatena,
B. ngadoega koe pangrasa,
C. awas mata kapala,
D. ngintip koe dedengean.

Naon anoe kaoeninga, tangtoe woedjoed di achirna.

164. Atas kanjataanana, jen pasěpoeh teu tiasa, make noe sakitoe eta, koemaha pasěpoeh bisa, njěboetkeun di alam doenja, angin sakoeliah djagat, ajeuna koela tjarita, kieu ti asal-moelana.

165. Noe djadi pameunang koela, geus toemanja ka sadaja, ka djalma noe ngalampahan, kana noe opat pěrkara, jen pasěpoeh ěnja soeka, njaho katěranganana, ieu sahidji-hidjina, noe mioendjoek ka kaoela.

166. Hidji abdi noe geus njaba, datang ka ieu nagara, geus njarita keur mangsana, basa tahoen noe kaloeang, dalapan poeloeh dalapan, keur moela-moela kaasta, ieu di afdeeling Lěbak, Kandjěng Assistent ajeuna.

167. Ngadenge omong di loear, Kandjěng Boepati ajeuna, ka Kandjěng toean oendjoekan, kaajaan imah2, di ieu afdeeling Lěbak, hanteu aja antarana, hidji-hidji djeung lianna, rapět těpoeng soesoehoenan.

168. Ngan saeutik palataran, di toekang djeung diboeroean, nadjan Kandjěng diparentah, soepajana pakarangan, bararěsih

- 285 -