Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/265

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

144. Eta anak teuing karasana ripeoh, geus repeh tjeurikna, bari inghak-inghak bae, eureun tjeurik eurih-eurihan ngaranna.

145. Koe indoengna dilahoen diair toeloej, malah ditěmbangan, bari djeung digeong-geong, boedak sěnang reup hees dina aisan.


X.

146. Doerma dongkap ajeuna poetjoeng ditilar, eta si boedak tadi, noe malarat badan, arina geus tjageur mah, radang moesna tjatjing leungit, koema rasana, saha noe ngeunah pikir.

147. Badan lintoeh panjakitna moesna ilang, tinggal sěnang nja diri, sěnang pipikiran, nja boektina ajeuna, djalma awewe lalaki kolot djeung boedak, dina ieu afdeeling.

148. Kolot boedak awewe lalaki sěnang, imah boeroean rěsik, mahmoer pare beas, samalah ka Pandeglang, saban Sěnen saban Chemis, ngabroel noe dagang, beas baratoes kampil.

149. Palěmboeran rame sarta araloesna, djeung rame dagang tani, koe bidjaksanana, noe agoeng kota Lěbak, tapi tadina noe leutik rasana soesah, migawe sědih pikir.

150. Oeroet soesah ajeuna ripoeh geus poenah, soesah anoe kaboeri, diparentah poeas, malarat karasana, ajeunana moeling-moeling, tinggal sěnangna, sakabej para abdi.

151. Sapi běngong barina djeung kětjap-kětjap, djiga neureujan tjai, kawas baranghakan, toeloej deui ditanya, naon maneh njaho sapi, oesoel-asalna, Kandjěng pamasa nagri.

152. Basa eukeur rek njieun kasadjahtraan, di saloear afdeeling, sapi pioendjoekna, noen soemoehoen teu těrang, sim abdi teu pisan ngarti, asal-moelana, nanging jen Kandjěng mambrih.

153. Katěrangan soemangga angkat laksana, djalan-djalan ngoeriling, neangan pasěpah hanten lila kapanggih.

154. Anoe kira-kira aja kanjahona, barang koela papanggih, awit koela nanja, naon pasěpoeh bisa, ngabedjaan anoe tasdik, asal-asalna, běndara ieu nagri.

155. Ngadjalankeun saniskara kahadean, dina ieu afdeeling, sabab ěnggeus njata, těrang samata-mata, oepama migawe toelis, njieunna kitab, sababaraha djilid..

156. Awitna teh eta noelis kitab2 , ngan make hoeroef hidji, sabab geus karoehan, eukeur dina heubeulna, ti sapoeloeh tahoen leuwih, anoe berdjalan, tambah-běrtambah deui.

157. Tapi dina sadjěroning opat lima, tahoen ka ieu něpi, tambah karahardjan, djeung tambah kaaloesan, sadjero ieu afdeeling, lipět-lipětan, pok wangsoelan kiai.

158. Noen soemoehoen kaoela awon oendjoekna, pangoening noe

- 284 -