Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/264

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

126. Kana sipat rachman sarěng sipat rachim, moegi loentoer manah, njoehoenkeun piwědjang abdi, bade ngartoskeun estoena.

127. Tina eta sapandjang djalan sapi, koe koela harita, beak dibere pangarti, těgěsna noe sipat rachman.

128. Enja eta kamoerahan soetji ati, soepaja abdina, timoe kasěnangan diri, sakabehna Boemipoetra.

129. Teu dititah hese tjape banting diri, dipěrih sasawah, dipěrih neangan hasil, dipěrdih imah tanggana.

130. Soepajana aloes pakarangan běrsih, titah rěsik djalan, pikeun anoe wara-wiri, imoet moetjoeng leumpang sěnang.

IX.


131. Kěmbang pitjoeng maskoemambanggeus kapoengkoer, sipat rachim eta, wělas asihing noe gěde, ka abdina kolot boedak sadajana.

132. Lamoen sapi atjan mangarti noe tangtoe, kanjataanana, kieu pisan misilna teh, saoepama hidji djělěma somahan.

133. Boga anak sanggeys kira meunang oemoer, satahoen satěngah di boeroean oelin bae, malah galib babasan, kěmbang latar.

134. Tina sěbab boedak mah sok kasrak-koesroek, teu aja baboean, djadi panjakitna koreng, malah pinoeh koe radang sakoejoer badan.

135. Djeung moetiktik beuteungna koe tjatjing pinoeh, boedak ěnggeus pajah, matana ge sěmoe paor, heg indoengna geuwat naheur tjai panas.

136. Eta boedak dimandian sore-isoek, gěten diroeroean, ditjoebitan korengna teh, boedak tjeurik gěgěroan djědjěritan.

137. Tonggoj bae koe indoeng hanteu digoegoe, malah ditambahan, koe oebar peurih nereptep, beuki woewoeh tjeurik rosa djeung njarekan.

138. Ajoeh-ajoeh ajam-djadah monjet bědoen, djitangkoëk tjia, indoeng ditjakar di gegel, tonggoj bae lain ngewa beuki njaah.

139. Boedak tjeurik djëdjëritan adoeh2 , si bapana njěntak, marah matana molotot, djeung mantoean bapana miloe njěkělan.

140. Ari indoeng djongdjon noe noerah ngabandjoer, bapa deui njěntak, njěkělna bari dipěntjet, boedak marah ka bapa malik njarekan.

141. Mata tjia ajam-djadah mioe2, tji bapa njarekan, naon dosa aing bangol, bapa seuri kaloetjon djeung tambah njaah.

142. Si anak teh leungit sieunna ka sěpoeh, tina kanjěrian djeung palěng djadina poho, něpi kitoe, ge lain dihadja.

143. Sanggeus dimandian ditanggahkeyn nginoem, ngoebaran tjatjingna, noe rasana pahit letek, alahmanan barata wah sarina.

- 283 -