Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/263

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

109. Boga imah aja sawah leuit pinoeh, gamparan apan tingali, pare di dieu di ditoe, noe dipělak djararadi, rata dirambet djojos.

110. Sami sarěng sanes afdeeling nja kitoe, sawahna geus masing2 , dipělakan pare indjoek, moenggoeh pamanggih sim abdi, di dieu taja noe awon.

111. Pělak pare rata sarěng tambah madjoe, nja kitoe di sedjen district, satjěpěngan Banten kidoel, tangtos jen Kandjěng ningali kantěnan langkoeng ti helok.

112. District Sadjra, Lěbak sarěng Rangkasbitoeng, Paroengkoedjang, Malingping, eta anoe langkoeng aloes, jen ditimbang kota district, djeung onděrna matak kerok.

113. Tina sami imah-imahna araloes, soehoenan diwoewoeng goeling, limas koemoeroeb salajoe, dilaboer njetjes paroetih, djalan teu aja noe awon.

114. Keri kanan dibabad roebak doea roe, dina saloeraeun gili, mana-mana ěnggon soewoeng, paměgatan badak děngki poegoeh paměgatan meong.

115. Dangěut ieu taja kainggis saramboet, di eta těmpat noe tadi marga parantos diatoer, imah laloetjoe teh teuing, koemambang noe nendje.


VIII.


116. Maskoemambang ti pakidoelan djol soemping, doepi pangarasana, ngěrsakeun dikarang dangding, noeloejkeun noe keur oendjoekan.

117. Madak Kandjěng kirang pěrtjantěn ka abdi, soemangga tingalan, gamparan djěngkar sěpeksi, mariosan kadistrikan.

118. Djawab koela kana pioendjoekan sapi, heh sapi jen ěnja, kitoe dipikir koe kami, tempo toean Assitenna.

119. Kandjěng Toean Van Dijck keur di dieu tjalik, djeung Kandjěng Dalěmna, djěněngan dina bisioelt, Toemgoeng Prawira Koesoema.

120. Reudjeung tempo Kandjěng Assistenna deui, toean Pino tea, sarta djeung Kandjěng Boepati, noe ajeuna istirachat.

121. Toeměnggoeng Soeta Angoen-Angoen Boepati, eta doeanana hanteu nganggo sipat rachim, miderek ka rata koena.

122. Djaman Kandjěng Soeltan Bantěn naon sapi, maneh atjan matja, kitab ngaran goerat-garis, ditěmbangkeun basa Soenda.

123. Kawas-kawas karek ajeuna pinanggih, Kandjěng Assistenana, toean Van der Ven běrboedi, sarta arif bidjaksana.

124. Kandjěng Dalěm djěněng Raden Adipati, Soerja Nataningrat, noe milampahkeun kiwari, nganggo sipat rachim moelja.

125. Ari para Kandjěng anoe geus kaboeri, nganggo sipat rachman, pok sapi mioendjoek deui, abdi Dalěm hěnteu těrang.

- 282 -