Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/33

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

pětana didjieunna oebar, kieu: dipěsek heula sing běrěsih pisan toeloej ditjatjag atawa diparoed, sanggēus kitoe dipěrěs koe lamak běrěsih. Tjaina aloes katjida pikeun pioebareun, komo keur oebar njěri tikoro mah, njakitoe deui keur oebar tjenang atawa bisoel dina tikoro; beunang oge dipake oebar teu ngareunah beuteung; watěkna tjara pěrgasi, hade dipake oebar ka noe geus kolot lamoen kadoetna geus koerang hade ngagilingna kadaharan; dina saban tas dahar nginoem sasendok-dahar atawa sasendok-sop oge geus meudjeuhna. Lamoen aja anoe sok ngarasa baroenghak dina měntas dahar. koedoe dibibilas koe ganas sakeureut, tapi kade oerat-dagingna kadahar; anoe sok boga kasakit njeri angěn oge hade dahar ganas dina tas dahar. Anoe gěrěgěseun-hampěroe, dina saěntas dahar koedoe nginoem tjiganas sagělas-port.

Ganas boga kasiat ngalějoerkeun; lamoen oerang njokot daging sakeureut, toeloej dikeueum koe tjiganas, liwat satěngah djam eta daging leutaj dikeueum koe tjiganas, liwat satěngah djam eta daging leutaj tara boeboer. Sasanggaleun dina leungeun djeung soekoe lamoen dikoembah koe tjiganas tjadi leuleus; oepama těroes dibiasakeun dikoembah koe tjiganas lila-lila leungit. Keur njeka awak oge tjganas hade pisan. Oerat-oerat noe aja dina daging ganas goreng kana beuteung. Noe reuneuh koerang hade beuki teuing ganas. Ganas anoe beunang ngasakan, sapěrti dikoeloeb djeung sapadana, eta leungit kasiatna keur oebat; koe sabab eta anoe koedoe didjieun oebar ngan ganas anoe tatjan diasakan bae.

Oerat djeung tjangkang ganas aloes katjida keur ngosok marměr soepaja bodasna aloes djeung běrěsih , nja kitoe deui keur ngaběrěsihan bangsa beusi, mitjeunan taihiangna.

Eta tjiganas beunang dimasak koe oerang, pambrihna soepaja beunang diampihan lila.Oerang koedoe milih ganas anoe geus asak běněr, toeloej ditjatjag, ti dinja dipěrěs diarah tjaina, geus kitoe tjaina disaring koe lamak. Eta tjiganas anoe beunang njaring diwadahan koe patiman, sadjěro 8 poē oenggal poē koedoe dipoē. Kokotorna anoe ngaramboel ka loehoer barěng djeung boedah, koedoe disioekan dipitjeunan. Ti dinja eta patiman koedoe diteundeun di noe loeh, oelah rek kapoē, lilana watara 8 poē. Ngaběrěběsna tangtoe eureun. Salila eta patman dioeroes kitoe teu beunang ditoetoep něpi ka rekep pisan, hade ditoeroeban koe ramkawat bae.

Lamoen sanggeus 8 poē tea ngaběrěběsna eureun, eta tjigana koedoe toeloj disaring; ari njaringna koe kěrtas soeoeb 3 lapis ditoempangkeun kana lamak, ditandean koe botol. Tjiganas anoe geus diasakan kitoe, beunang diampihan něpi ka satahoen lilana.

Titjaganas anoe atah keneh, hartina anoe hěnteu diasakan tjara bieu di loehoer, hade pisan keur tamba moeriang. Anoe moerlangna katjida, hade pisan keur tamba moeriang. Anoe moerlangna katjida, hade diinoeman tjiganas dina sapoēna doea gělas; tapi noe gěring, sabot nginoeman tjiganas mah, teu meunang nginoem.

- 64 -