Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/32

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

běrěsih sarta herang. Dimana geus asak ngagalējna tēroes disaring koe lamak, ti dinja ditampěrkeun ngarah atjina ka hanap nampěr. Ari geus nampĕr atjina mah, tjaina kari njitjikeun bae. Atji kawoeng anoe běrěsih djeug toehoer ěnja moēna beunang diampihan moelan-moelan. Eta atji kawoeng hidji kadaharan anoe mangpaat katjida djeung babari dilějoerkeunana keo kadoet, koe sabab eta aloes katjida keur noe garěring.

Indjoekna sok didjarieun tambang koeat pisan koe baseuh djeung koe tjai; salian ti dipake tambang sok dipake sapoe deuih, sikat, paranti kekesed dj. s. t. Di pilěmboeran sok diparake oge keur hateup; dipasělangkeun djeung eurih, awet katjida něpi ka aja anoe moeloehan tahoen. Dina ngadegkeun imah, indjoek sok diparake boengkoes tihang ti handapna, mambrih hěnteu koe rinjoeh.

Haroepatna sok didjieun kalam keur noeliskeun aksara Arab.

Ari oerang Europa makena indjoek keur miara pěpělakan anoe araloes, sapěrti: chevelures (bangsa pakoe anoe sok dipělak dina pot), eta pakoe aloes katjida djadina lamoen ti handapna didasaran koe indjoek.

Njere kawoeng leuwih galěde djeung koeat ti batan njere kalapa, sok didjieun sapoe.

Koe oerang peuntas njere kawoeng noe daoenan keneh sok dipake pagěr sawah, njerena ditongtotkeun pandjangna 2—3 d.M disareukeutan, soepaja babi oelah barisaeun asoep ka sawah. Kawasna bae lamoen babi geus tatoe koe njere sok tara tjageur deui, datang ka maranehanana ngarasa sieun koe pagěr daoen kawoeng; ana beh manggih pagěr kitoe teh sok ngoeriling neangan djalan sedjen, atawa sok balik deui, tara wanieun nobros.

Daoen kawoeng (poetjoekna)sok didjieun roko. Di pilěemboeran kawoelna sok dipaeh keur poneker. Roejoengna oge gěde gawena: keur koeloewoeng, tjěmped imah djeung iga leuit; didjieun barera deuih, linjah djeung iteuk.

d. GANAS

Ganas teh babari pisan dipělakna, teu koedoe dioeroes apik-apik teuing; ar aloesna dina taneuh beureum annoe ridoeh, ngan oelah kahieuman. Ganas teh lain ngan saroepa bae, aja pirang-pirang roepa; anoe panghadena anoe sok disareboet danas-Bogor; eta ganas asalna ti Hindia-Koelon, dibawa ka oerang koe toean TEIJSMANN, rasana amis, tapi koerang tjai; pajoe kabina-bina danas-Bogor mah, sararea pada rěsěp, komo eta mah kana danas nambo, anoe dikěbonkeun di Kaliwoengoe; di Bangka oge rea ganas, ganasna di dinja mah loba tjai, koe sabab eta pikeun pioebareun mah danas dinja leuwih kapake. Ari

- 63 -