Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/31

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

sakoéliahna aja, dapon hawana bae baseuh, toer sakitoe mangpaatna deuih.

Hal njadap oge, tangtoe lolobana anoe maraos ieu alměnak geus aroeninga, nja eta: leungeunna diajoen bari ditinggoer sapoëna + sadjam. Sanggeus meunang sawatara poë ditinggoerna toeloej dipagas; ti dinja lahangna ditandean koe lodong anoe geus bakoe. Eta lahang ditaheur didjieun goela. Soepaja jahangna hěnteu tereh haseum, lodongna koedoe dipoepoet make pantjar hoeroeng dirodjok-rodjokkeun ka djěrona; lamoen eta lodong dikoengkoerahan koe tjikapoer, lahangna dimana digoela, goelana bodas. Goela kawoeng beunang dipake sapěrti pěrgasi. Lamoen goela kawoeng ditjampoer djeung saboen, ditaplokkeun kana lamak bodas, toeloej tengahna diliangan koe goenting, tidinja ditaplokkeun kana bisoel, bisoelna sok tereh asak sarta těroes boetjat.

Tjipanggodogan akar kawoeng beunang dipake tamba gěregěseun; batoena sok rěmoek.

Tjaroeloekna anoe atah keneh, anoe sok diarah tjangkalengna keur roedjak, lamoen antěl kana awak ateul kabina-bina. Soepaja ateulna sawatara leungit, sok didoeroek heula, kakara dipotong ditjarokelan tjangkalengna. Samemehna didjieun kadaharan koedoe dikeueuman heula koe tjibeas, lilana sapeuting. Isoekna eta tjangkaleng geus beunang didjieun manisan, ngan kari njitjian koe godogan tjigoela anoe ngagolak bae. Manisan tjangkaleng sok diparake oge keur tamba salesma ngarah godroh, komo keur ka boedak mah hade pisan, da ari kana oebar-oebaran teh baroedak mah loembrahna sok arěmboengeun. Salian ti didjieun manisan sok dikolěk deuih.

Ari tjangkaleng anoe geus kolot koe oerang Priboemi sok didjieun anting, keur ngaliangan tjeuli baroedak awewe. Mimitina didjieun tjara ali, toeloej dipotong, geus kitoe dina popotonganana diseukeutan. Tjeuli anoe rek diliangan digegel koe eta anting seukeut tea, dina sawatara poè plos baë molongo.

Lahang beunang dipake tjara ragi, sarta hade katjida; lamoen satengah poë boe diingkeun, koe oerang beunang dipake keur ngabeukahan roti. Lahang anoe aloes sarta běrěsih didasarkeun, eta djadi tamba kana ksakit ambe djeung baroesoeh di djěro.

Lamoen lahang koe oerang diwadahan koe gotji, sarta oenggal poë dipoëkeun, sanggeus saboelan lilana djadi tjoeka aloes katjida, diseboetna „tjoeka lahang" atawa „tjoeka djawa", eta tjoeka hade katjida keur njieun atjar.

Salian ti diarah lahangna, kawoeng teh sok diarah sagoena deuih, Ari kawoeng noe sok diarah sagoena, nja eta kawoeng anoe tatjan disadap, dina arek bidjil leungeun pisan ditoear, toeloej dipotong-potong, geus kitoe pek dibeulah didoeakeun, ti dinja toeloej hatena ditoetoe, sanggeus ditoetoe digalěj ditjalan koe tjai anoe

- 62 -