Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

soesoe, goreng keur noe gĕring. Anoe boga kasakit goela djeung anoe koerang hade kaboeboeahanana teu meunang dahar ganas, sabab ka lsakit kitoe m ail teu meunang ngambeu tjiganas.

e. GEDANG.

Gĕdang, pangaloes-aloesna djadina, di noe panas, djeung gampang dipiarana, ari rasana amis tiis; komo gĕdang gĕde, matjĕs karasana teh, tapi gĕdang eta mah lain asal pitoein gĕdang oerang.

Gĕdang beunang dipake oebar kana kadoet djeung panjakit dina eusi beuteung; geus loba pisan noe goreng kadoetna djeung noe njĕri beuteung, tjageur koe didaharan gĕdang; nja kitoe deui beunang dipake ngoebaran noe bareuh bool.

Tapi noe boga panjakit dina hampĕroe, oelah bae dahar gĕdang.

Loba teuing dahar gĕdang, sok matak koneas kana koelit beungeut djeung leungeun.

Noe boga panjakit dina kaboeboeahan, samĕntas dahar gĕdang sok ateul. Nja kitoe deui noe boga panjakit exema (roenjam sakoedjoer badan), koedoe mantrangan gĕdang.

Poetjoekna sok dipake oebar moeriang; dĕmi didaharna koedo diangeun atawa diseupan.

Daoenna sok dipake maraban koeda, saminggoe sakali, soepaja oelah njĕri beuteung djeung oelah kĕrĕmian.

Daging noe liat, samemehna dimasak, diboengkoes heula koe daoen gĕdang, noe beunang ngarisĕkkeun meueusan, mambrih daging tea kageu tahan koe geutah anoe baridjil ti noe rikĕsna tea koe akal kieu daging noe Iiat teh djadi oedoeh.

Geutah tangkal gĕdang, lamoen metel kana panon, sok matak bareuh. Oepama kadjadian kitoe, ngabĕresihana koedoe koe tjigoela, sarta satĕroesna koedoe dipeureuhan koe tjigoela tea nĕpi ka tjageurna.

Eta geutah sok dipake ngaleungitkeun koetil djeung ngoebaran kĕrĕmian. Geutah gĕdang ngora, sok dipake oge oebar panjakit diphteritis (panjakit tikoro), ari koelit akarna, beunang dipake oebar kĕrĕmian. Akar gĕ ldang gandoel beunang ngereum dina arah make oejah, matak koeat kana oerat, hade keur ngoebaran noe kataradjang loempoeh djeung beroerte; ari ngoekarkeunana dibaloerken. Kĕmbang gĕdang beunang didahar, ngan rasana pait ngaleungitkeunana pait, koedoe digodog djeung puetjoek koekoedaan. Hade baris dahareun, goenana ngabĕrĕsihkeun kana rĕtih djeung ngahoedang kana ngeunah dahar. Pĕntil gĕdang, bade pisan baris angeuneun, dipake sisihan koe Walanda djeung koe oerang Priboemi.