Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/36

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

f. KALAPA.

Sarerea oge sanadjan baroedak leutik, teu aja noe bireuk kana tangkal kalapa. Kalapa teh aja sababaraha roepa, tapi noe rek ditjaritakeun di dieu, woengkoel noe beunang pake oebar bae.

Noe pangheulana pisan tina hal kalapa hedjo. Noe matak diseboet kitoe, lantaran bakatna, sanadjan geus meh asak oge, roepana hedjo bae, ari kalapa² noe sedjen mah roepana koneng atawa gading atawa koneng semoe beureum. Tjikalapa hedjo sok dipake pamĕpĕs, lamoen aja djĕlĕma diratjoen koe w larangan, sakapeung sok ditjampoeran heula koe minjak kalapa. Komo kana andjing dicampur bangsa sato ingoe sedjen mah, hade pisan. Tjikalapa hedjo noe geus kolot, noeloeng ka noe weureu obat tjatjing (santonine vergiftiging). Tjidoewĕgan kalapa hedjo, matih pisan kana ngagétih di djĕro, moerlang djeung hese kiih.

Oerang sarerea geus tarĕrang kana tjipati, nja kitoe deui njieunna, da meh oenggal poĕ dipake ngangeun. Noe boga kasakit dina beuteung djeung noe kadoetna koerang hade, dina oesoem kalodo oelah pati dahar angeun teuing anoe ditjipatian, karasa sok nambahan kana panjakitna. Tjipati kalapa hedjo ana digodog, roepana sĕmoe biroe. Sarerea oge tangtos tĕrang jen minjak kalapa teh, noe didjieun tina tjipati djeung pĕtana njieunna kawas moal aja noe bireuk, da meh oenggal poĕ bae nendjo di dapoer. Eta minjak kalapa, beunang diampihan lila, asal bae dikonengan sateukteuk, atawa oejah sahoentoe boh goela-Djawa sasĕmplek. Lamoen minjak teh tĕngi, ngaleungitkeunana baoe, ditjampoeran koe tjipati noeanjar keneh. toeloej digodog; oepama kaambeu keneh bae tèngina, tjoba² koe roti bari, anoe beunang meuleum, nĕpi ka roti teh roepana hideung. koe akal kieu, baoena minjak teh tangtoe leungit.

Tjipati mindĕng diparake tamba weureu laoek (visch vergiftiging) sarta ĕnja matak tjageur. Diinoemna satoengkoelan doea gelas pinoeh (ditojon). Biroeloekna radjeun oge didjieun zalf, dipake ngoebaran raheut anoe hese tjageurna. Pĕtanan jieun zalf kien:

Biroeloek teh diparoed ditjampoeran tjipati, digodog lilana saparapat djam. Toeloej disaring koe lamak. Ti dinja njokot siki kosambi. kanaga djeung tjampaka beureum, dibĕbĕk sing tepi ka lĕmboet, tjoer tjaian, toeloej digodog. Engke tangtoe minjakna ngambang: ajeuna kakara disioekan minjakna, ditjampoerkeun djeung godoaran biroeloek teh, make minjak moentjang kira² sasendok gĕde, toeloej digodog deui dikolotkeun sing datang kakimpĕl. Tatandinganana dina njieunn zalf teh. siki kosambi bobot 15 kĕtip, siki tjampaka beureum bobot 15 kĕtip, biroeloek bobot 3 roepia, djeung tjipati sabeulah kalapa.

Tjilĕboe mantjoeng (sintoeng) beunang njaring, sok dipake pĕr-