Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/37

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

gasi. Baralakna (barangbangna) djeung batokna oge aja minjakan, sok dipake oebar njěri hoentoe.

Tangkal kalapa minděng pisan diroeksak koe bangboeng kalapa. babakoena poetjoekna djeung borosna. Tarekah baris ngabasmi eta hama, babakoena pisan tangkal kalapa teh koedoe diběrěsihan djeung toeloej poentjakna dioelasan koe lěboe, oejah djeung tjai beunang ngadoek.

Geus montong ditjaritakeun duei, jen akal kieu teh, kakara aja teolengna, lamoen saměntasna dipětakeun, hěnteu katinggang hoedjan atawa loba iboen. Ari tjitjingna, karěsěpna bangboeng kalapa teh teu beda djeung bangboeng noe sedjen, dina kai noe geus bobo, dangdaoenan anoe geus baroeroek djeung dina kokotor, tapi ngěndogna babakoena sok dina poentjak kalapa sarta měgar di dinja. Eta sababna noe matak oerang, sok diangsěp oebar gěde pisan. Oepama diteundeun dina pantji, teoloej diseuneuan, sok měrědjih bidjilan gadjih, eta sok diinoemkeun ka noe batoek ganngsa (tering); mimitina sadjěro saminggoe oenggal poē hidji oelam, dina minggoe kadoea sapoēna doea oelam djeung satēroesna.

Atawa oelam teh digoreng, diala minjakna, ditjampoerkeun djeung endog atah, pek dimadoean sauetik, toeloej diinoemkeun ka noe gěring. Tjek bedja, koe sataoen teh dioebaran koe eta, noe batoek gangsa, katembong djadi koeat.

g. PALA

Pala teh babakoena dipělakna di Molukken djeung di Minahasa, tapi di Poelo-Djawa oge teu koerang; moenggoehing dina oebar-oebaran bangsa oerang mah, dianggep anoe katjida pěrioena.

Mangpaatna pala teh kana oebar haneut djeung pangrěrěp.

Kěmbang pala beunang moē disědoe, tjara teh, sok dipake kana ngaloearkeun angin.

Komo koeloemoed sikina, aloes pisan keur pangrěrěp. Pikeun noe boga kasakit asabt, hade pisan mamawa koeloemoed pala dina djěreoeun pakeanana, soepaja meunang hawa noe matak antěng ngamběkan.

Tjigodogan koeloemoedpala, hade pisan keur baloer, pangrěrěp kana kasakit panas.

Pala lalakina, bangoenna lonjod, dipake njampoeran roepa-roepa oebar njěri beuteung.

Barendi, pala djeung oejah ditjampoerkeun toeloej dihaneutkeun meueusan, dibaloerkeun kana tonggong, ngaleungitkeun kana loengse djeung lěsoe.

Tjangkang pala sok didjieun sěle, matak ngeunah dahar. Didjieunna kieu: Njokot pala noe geus kolot, dilaanan sikina djeung