Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Troeloemoedna, toeloej dikoeloeb. Tjaina herang tapi beureum. Lamoen palana geus ěmpoek, toeloej disaring, babadagna dipitjeunan geus kitoe toeloej digodog deui make goela pasir, sing něpi ka kentěl tjara boeboer.

A. SOEPA.

Soepa teh mangroepa-roepa pisan; loba anoe koe oerang beunang didahar sarta katjida ngeunahna. Dina njiarna atawa meulina soepa baris dahareun, koedoe ati-ati, karana rea pisan soepa anoe matak weureu.

Lamoen oerang rek neangan soepa, koedoe Isoek-isoek pisan, sabab loba soepa anoe těngah poë oge geus boeroek.

Tjirina jen geus boeroek, sok diroeboeng koe bangsa rambětoek, Erareunteup. Koe baoena deui oerang bisa njirikeun soepa noe segěr keneh atawa geus rek boeroek.

Ieu di handap noe rek ditjaritakeun soepa anoe sok didahar bae. Soepa taneuh anoe beunang didahar, lobana dina oesoem agiajih, djeung djadina babakoena dina těmpat² oeroet rinjoeh.

Lamoen oerang manggih liang siraroe, pek tjirian koe rokrak atawa naon bae, ditantjebkeun. Moal gagal tangtoe di dinja loba soepa djaradi. Aja soepa diseboetna soepa rampak (djamoer barat), Tamoenna segěr keneh, hade pisan didahar, nja matak koeat, toer rasana ngeunah kabina-bina, sarta beunang diolahkeun roepa².

Oelah bae ngala soepa, anoe djadina dina gemoek atawa di těmpat anoe kasaoengan, leuwih hade ngala ti těgalan atawa ti sampalan.

Salian ti soepa noe djadina di taneuh aja deui noe djadina dina tatangkalan, kajaning soepa gagan noe sok dipake oebar rheumatiek; soepa lember sok dipasak sajoer. Komo soepa noe djaradi dina pipitjeunan tjangkang kopi djeung dina tangkal dadap mah thade pisan baris dainareun djeung ngeunah deuih.

Ari noe sok dipake oebar, soepa brama djeung soepa kakaboe (impěs). Soepa brama roepana semoe djingga djeung teuas, djadina dina tangkal kai, oebar panjakit kotor (venerische ziekten) djeung kasakit dina pangeusi beuteung.

Soepa kakaboe djadina dina taneuh, gědena sagede hoeloe orok. Ti loearna liat, ari ti djěrona empoek, sok ditjampoeran tjoeka, dipake ngoebaran babareuhan dina kalanangan (venerische ziekten).

Aja deui soepa anoe djadina di taneuh, nja eta soepa tai oraj Santja. Ieu soepa roepana kawas tangkalak, pěrbawana tiis.

Koe bangsa oerang mah dipake oebar roepa² pisan, babakoena kana moeriang, kasakit dina beuteung, sariawan d.s.t.

- 68 -