Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/56

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

kioerat. Samemehna dipake koedoe dikoembah heula sing běrěsih pisan, toeloej digoeloeng-goeloeng koe ramo, mambrih kaloear tjaina. Sanggeus kitoe toeloej ditaplokkeun kana raheut tea. Dina sapoë koedoe diganti tiloe kali.

  1. Ari raheut anoe teu djěro hade dioebaran koe widara-oepas. Samemehna dioebaran, raheutna koedoe dikoembah heula sing běrěsih koe godogan patje sawit, hartina: patje, papagan djeung akarna tina tjangkoedoe satangkal. Sanggeus kitoe raheutna ditoetoep koe widara oepas beunang ngeureut ipis. Lamoen raheutna djěro, hade dioebaran koe ieu: njokot akar tanggoli bobot roepia 20 à 30, tjai sablek minjak tanah, toeloej digodog něpi ka kari ¾ na deui. Raheutna dikoembah koe eta godogan, sarta diķětjeran deuih.
  2. Daoen běběsaran dileumpeuh, toeloej dioelasan minjak kalapa, digoeloeng-goeloeng koe ramo; geus kitoe ditaplokkeun kana raheut tea. Biasana eta raheut katjida tereh tjageurna. Tapi samemehna dioebaran, eta raheut koedoe dikoembah heula sing běrěsih pisan koe godogan akar tanggoli.
  3. Raheut lantaran kakadek sok tereh tjageur koe geutah gebang. Samemehna dioebaran koedoe dikoembah heula masing běrěsih.
  4. Raheut anoe karasana panas djeung katjida njěrina, sok leungit njěrina koe senggang-tjoetjoek: daoenna dirleus sing lemboet, dioebarkeun. Daoen senggang-tjoetjoek bawana tiis.
  5. Seureuh oge dirieus, beunang dipake oebar raheut. Anoe koedoe dioebaran koe ieu, lamoen raheutna ateul.

Tjatjingeun.

Anoe sok tjatjingeun babakoena pisan boedak. Ari katjirina tjatjingeun: beuteungna boengkiang, boeoekna tjarèngkat, boeloe-panonna rarapět djeung iroeng getek.

Děmi oebarna:

  1. Boeah oedani (= katjěkloek-tjěkloek, basa Djawa akar poentianak, Mai = oedani, Batawi). Eta boeah sok diseboet „tjěgoe" atawa „tjekloek". Keur ka boedak leutik mah 3 atawa 4 sikl teh geus meudjeuhna; keur boedak anoe geus gěde koedoe rada loba. Eta boeah koedoe didasarkeun.
  2. Koneng-tinggang salodjor diparoed, tjaina satengah tjatjangkir, dioeděk. Ingkeun kira² 2 djam, ti dinja disaring. Isoek² didasarkeun.
  3. Moengsi Arab 2 sendok gede pinoeh, diboentěl koe lamak, toeloej digodog tjaina 2 tjatjangkir, něpi ka tjaina ngan kari satengahna. Toeloej boentèlan moengsina didjait; ari tjaina těroes digodog, digoelaan koe goela kawoeng. Eta godogan moengsi tea koedoe didasarkeun, sarta isoekna koedoe nginoem kastroll.
    - 84 -