Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/60

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

pěrkara anoe gède pisan gawena kana djalan kahiroepanana mangke di ahir.

Koe hal eta indoeng teh koedoe inget sapapandjangna, jen manehna boga kawadjiban anoe sakitoe beuratna, sakitoe kesena, sarta djadina adat djeung watěk anak-anakna teh, eta kabeh aja dina gégèmanana.

Ti boeboedak keneh baroedak teh koedoe dibiasakeur daek noeroet kana papatah djeung ngaloris lampah sorangan koe pribadi. Boedak teh seukeut pisan rasana, gantjang nakër njáhoeun, naha omongan indoengna teh koekoeh tjara wet atawa hěnteu.

Sagala djangdji indoeng sabeunang-beunang keedoe diboektikeun djeung sagala sètrapan, sanadjan sakoemaha beuratna oge, koedoe didjalankeun.

Di hareupeun boedak, noe djadi kolot, koedoe djudi tjonto hade, celah tembong pasea atawa todjaiah, karana kalakocan kitoe teh saroea bae djeung njontoan goreng ka boedak. Kitoe deui oelah sok měrtjajakeun teuing baroedak ka boedjang. Ari dahar baroedak teh leuwih hade diadjak bareng bae, soepaja ti bocboedak keneh geus njaho koemaha pěta-pětana atoeran noe dahar; moen manehna ngalanggar atoeran, dina mimiti hade geunggeureuhkeun bae, oepama ngalampahkeun deui, koedoe dititah njingkah ti těmpat dahar, ka lian těmpat, disina dahar sorangan.

Sabeunang-beunang lamoen njětrap teh oelah sok beurat euing, djeung oelah dikodekan teuing sagala kasalahanana; ari kitoe mah bangsa kasalahan anoe laloetak-laleutik, soemawonna noe lain lantaran manehna mah, hade antěn hae. Lantaran kaliroe ata wa beurat teuing njetrap, bisa djadi oge matak wangkělang ka boedak djeung ngaroeksak kaadilan hatena.

Tina hal ngarangket boedak geus reja pisan nce ngoeroeskeun, sawareh rarempoeg sawareh deui henteu. Tapi koe oerang beunang didjieun patokan, jen boedak noe leutik keneh, noe tatjan ngarti djeung tatjan njaho di adil oelah pisan rek dirangket.

Djeung deui cerang koedoe ingět, jen watěk boedak teh beda². aja noe koe dirangket teh achirna djadi aloes, ari sawareh deui mah djadi goreng, adatna roeksak.

Noe djadi kobt koedoe ingět, oelah pisan rek njětrap boedak dina keur amběk, karana bisa djadi oge merena setrapan beurat teuing. Oepama amarah oerang geus leungit ěnja djeung oerang geus bisa nimbang kasalahan boedak teh kalawan sabar, kakara hade oerang mere sětrapan.

Sětrapan anoe adil, komo lamoen make diterangkeun sabah-sababna pangna disetrap mah, eta hade kabina-bina. Ari setrapan teh teu beunang pisan perkara noe pikasieuneun ka boedak, tjaraning ditoetoep di kamar poëk atawa dlsingsieunan koe bangsa djoerig atawa sato.

― 87 ―