Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/61

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Njětrap boedak: teu beunang miloe njaba djeung indoeng atawa teu beunang miloe oelin djeung batoer oelinna, kaasoep kana setrapan anoe katjida aloesna. Noe mere sětrapan teh salawasna koedoe indoeng pribadi, teu beunang pisan nitah deui ka noe sedjen. Sabalikna, pagawean anak noe hade, koedoe diboeroehan, ari boeroehanana mah, koe pamoedji djeung koe dihatean oge, eta dianggap boeroehan anoe gěde pisan koe boedak. Akal boedak teh sok gantjang boekana, sarta ana geus boeka sok toeloej sagala roepa hajang njaho sabab-sababna atawa koemaha-koemahana. Tah nja ti harita mimitina ngatik ěnjaän mah. Loba pisan kolot' noe sok keuheuleun ana anakna hantěm tatanja bae teh sarta kakeuheulna teh sok dihadja ditembongkeun. Eta teu hade pisan. Indoeng noe hade, tara pisan ngarasa bosěn ditanja koe anakna, sabab indoeng teh salilana ingět, jen sagala barang anoe kaprah, anoe loembrah katendjona koe indoeng, ari koe boedak mah katendjona aneh pisan.

Boedak anoe teu eureun² tatanja, eta tandą jen resep kana rea pangawěroeh djeung resep kana diadjar. Bisa ngadjawab sagala pěrtanjään baroedak teh, eta hidji kapintěran indoeng anoe gěde katjida; tapi oepama ditanja pěrkara noe hese, oelah rêk didjawab koe katerangan? noe djarěro, indoeng teh beunang ngabedjakeun ka anakna, jen eta pertanjaän moal didjawab, karana moal pikakartieun koe boedak.

Satatjanna oemoer 6 à 7 tahoen, toedak teh tatjan beunang ngamimitian diadjar ěčnja-ěnja. Diadjarpa koedoe bari oelin, nja eta soepaja bari djeung rěsěp. Lamoen kitoe dilakoekeunana geus teu mangmang deui tangtoe aloes djadina.

Djaman baheula mah noe sok diatik čnja-ěnja teh ngan boedak lalaki bae, ari awewe mah teu pati dipěrloekeun, tapi ka-beh-dieunakeun, soemawonna djaman ajeuna, baroedak awewe teh koedoe bisa digawe tjara boedak lalaki, malah loba noe koedoe bisa njiar kahiroepan sorangan.

Baroedak awewe bangsa somahan měrloekeunana pisan kana diadjar: olah-olah, ngapoet, ngabatik djeung salian ti eta, ari bangsa menak měrloekeunana kana pagawean aloes, kajaning dladjar moesik, ngabordel, ngagambar djeung salian ti eta

Boedak awewe noe meunang pangadjaran hade, lain bae djadi papaes dina koempoelan-koempoelan, tapi piengkee nana djadi papaes di imahna djeung koelawargana. Koesabab eta pikeun menak², dina milihna sakola pikeun poetrana, boh sakola Hasa boh sakola anoe bari djeung dipondokan pisan (kostschool), koedoe milih sakola anoe hade pangadjaranana dina hal ngamoesik, ngagambar, ngabordel djeung salian ti eta, sarta anoe ngaraksana di loear sakola saroea bae djeung di djěro sakola, djeung ngelinganana

― 88 ―