Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/62

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

kalawan lěmah-lemboet, kalawan tjinta hate, ambeh di achir djadi pangeling-eling, ana ras ingět ka alam manehna sakola, djadi kaboengahan kana hatena.

b. NGABERESIHAN MARMER.

Marměr anoe dipiara hade², ngaběrěsihanana tjoekoep koe dikoembah bae make saboen, dikosokna koe sikat.

Lamoen eta marměr roto tingbarěntjlok ngaběrésihanana make ieu:

kapoer beunang ngarieus něpi ka lěměs 1 ons bobot 3 roepia, batoe kambang beunang ngarieus datang ka lēměs 1 ons = ± bobot 3 roepia djeung 2 ons = bobot + 61 kětip soda. Ieu noe tiloe roepa barang dibaoerkeun sing baoer pisan, toeloej diajak. Ti dinja ditjitjian koe tjipanas sing djadi boeboer, toeloej dioelaskeun kana marměr tea, palěbah noe kotor mah koedoe rada dikandělan.

Geus kitoe koe oerang koedoe diingkeun sapeuting, isoekna kakara dikoembah deui.

Aja deui pětana ngaběrěsihan marměr kieu:

Njokot kandji doea sendok-makan ditjampoeran tjatah saeutik kira² těpi ka djadi boeboer kentěl; diadoek koe sendok kai datang ka lěmboet. Bari dikotjek, tjoer tjítjian koe tjiasak noe ngagolak diadoek tepi ka boeboer teh ngentjlong. Eta boeboer dioelaskeun kana marměr toeloej diingkeun disina toehoer. Ti dinja toeloej eta boeboer dikolotokkeun tina marměrna, těroes dikoembah sing běrěsih koe tjfsaboen. Koe oxaalzuur di oenggal apotheek oge aja. oerang bisa ngaleungitkeun roto noe tingbarentjlok, ngan ngosokkeunana koedoe gantjang, geus kitoe geuwat dikoembah deui, bisi matak ngaleungitkeun roepana mariner noe asal.

Ngaběrěsihan pigoera (schilderijen).

Katjana. Ngaběrěsihanana katja pigoera koe dikosok koe spiritus 1 sendok-makan ditjampoeran doea tjatjangkir tjipanas, dikosokkeunana koe koelit gems atawa zeem (¹) sing těpi ka djoeroe-djoeroena, kade kana palipidna, kakara disoesoet koe lamak noe toehoer.

Palipidna noe dierěmas. Lamoen erěm isna bangsa aloes mah, tjoekoep koe dikoembah bae, dikosok koe lamak soetra. anoe dipake ngoembahna tjampoeran spiritus djeung tjipanas anoe saroea lobana. Geus kitoe dikosok něpí ka toehoer koe lamak Foetra.

Lian ti eta beunang oge diběrěsihan koe satjatjangkir tjigodogan bawang (bawangna 3 sihoeng), haneut² dikosokkeun, erěmasna sok běrěsih djeung herang deuih.


(¹) Anoe sok dipake ngosok tasma koe toean-toean.

― 89 ―