Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/73

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Kari djěpang.

Njokot hajam lintoeh, diteukteukan toeloej diolahkeun; ngan dadana dipisahkeun, teu diolahkeun, tapi ditjatjag djadi parakědel boengboena katoentjar djeung djintěn, beunang ngagoreng djeung daoen petěrseli djeung daoen bawang ngora, beunang njatjag atawa njiksik, pěděs, oejah djeung tjidjěroek mipis, toeloej parakědel tea didjieun parakědel laleutik, digoreng koe gadjih hajam atawa koe mantega; kaldoena diolahkeun deui make lalab-lalaban: kol, lobak, boentjis, katjang, polong ngora, iwoeng, daoen bawang, bawang-beureum beunang njiksik sapiring, pala, tjěngkeh, kěmbang pala,pěděs, oejah, ketjap, djěroek-mipis; lamoen hajamna geus asak, kakara eta kabeh ditjampoerkeun djeung parakédel laleutik tea, diasakkeun deui něpi ka ngagolakna.

Bobotok iwoeng.

Mimitina iwoengna dikeureutan lalěmboet, toeloej digodog, moen ěnggeus toeloej njatjag daging sing lěmboet; boengboena, katoentjar djintěn, pěděs, daoen djěroek-poeroet, sereh, ladja, djahe, bawang, moentjang, kalapa, beunang meuleum, kalapa beunang maroed, djeung kKalapa atah saeutik, sangraj kabeh něpi ka eta kalapa asak, toeloej djeung bawang teh ditoemis, make tjai djeung goela saeutik, kakara didagingan, toeloej diboengkoesan koe daoen tjaoe, ditjipatian, toeloej diasakkeun něpi ka kěntěl, kakara dioejah-asém.

Toge(taugee).

Njokot takoah (tahoe) dikeureutan kandělna satjoeroek² digoreng koe mantega népi ka beureum, toeloej diangkat ditliskeun; njokot tjabe, djahe, ladja, bawang-beureum saeutik, jeu kabeh disiksik sing lěmboet ditoemis make mantega, di mana rek mimiti beureum, ditarasian, ditaoetjoan sasendok makan, ditjampoerkeun djeung boengboe tea djeung eta takoah, toge djeung oedang kěring beunang ngeueuman, atawa djeung hoerang atah beunang ngagodog beunang ngalaan sisitna, oepama katjangna geus lajoe. Njokot ěndog tiloe, peupeusan, tjampoerkeun djeung angeun tea, lamnen rek didahar, dipédésan saeutik di loehoerna.

Atjar iwoeng.

Njokot iwoeng, pěsek, koembah sing běrěsih, keureutan; sadia parioek heunang njnian saeutik, {woengna abroeskeun ka dinja, godos, ngagolak sakali didjait, těroes pofkeun sing garing;

-100-