Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/72

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

digoreng koe mantega sing nĕpi ka beureum. Daging awak djeung ĕndogna tea dibĕbĕk sing lĕmboet dina loeloempang, toeloej ditjampoerkeun djeung goreng bawang tea, make tipoeng sakeupeul kakara dikana-tjisopkeun noe beunang njadiakeun tea, ti dinja diasakkeun, kira² meunang satĕngah djam. Moen ĕnggeus, toeloej disaring dina sedjen parioek noe bĕrĕsih sarta ditjampoeran daging boentoet djeung daging soekoe noe dipisahkeun tadi tea, beunang njatjag.

Toeloej tjampoeran tjabe saeutik djeung oejah, atawa make anggoer Madeira doea gĕlas, haneut-haneut diampihan.

Sop-tirĕm.

Sadia sop tjara pikeun sop hoerang; toeloej njokot tirĕm 200 siki, dikaloearkeun, disaring sarta dipitjeunan djanggotna, tiiran koe biting tjara sate, digodogna djeung biting-bitingna, moen geus asak, tirĕm katoet paniirna diabroekkeun kana beubeureum ĕndog djeung kana tipoeng, geuwat goreng; moen ĕnggeus, didjait, dikeureutan, bitingna dipitjeun. Ti dinja tirĕmna diteundeun dina wadah sop, ditjitjian sop, noe beunang njadiakeun tadi tea, noe beunang njampoeran koe tjitirĕm sarta toeloej diasakkeun deui.

Lalawar.

Daging ditjatjag ditjampoeran ladja beunang njiksik; bawang beureung katoentjar-djintĕn djeung oejah, dikĕtjĕran djĕroek mipis sarta digalĕj sing hade; saĕnggeusna diembohan deui goreng bawang, tjabe djeung tarasi, digalokeun sing galo pisan, toeloej diasakkeun make tjai nĕpi ka ngagolak doea kali, kakara didjait.

Sambĕl goreng.

Tjabe djeung bawang atawa sereh disiksik, digoreng djeung hoerang garing (oedang-kĕring); di mana geus asak ditjampoeran tarasi djeung tjiasĕm, toeloej digoreng deui.

Sambĕl badjag.

Njokot tjabe 40, sikina dipitjeunan, dirieus sing lĕmboet make moentjang 40 siki; toeloej toemis. siksikan bawang beureum djeung bawang bodas: lamoen geus satĕngah matĕng ditjampoeran tjabe djeung moentjang beunang ngarieus tea, ditambahan sereh, daoen salam, daoen djĕroek-poeroet djeung tjipati noe kimpĕl, toeloej diasakkeun, nĕpi ka kaloear minjakna.

- 98 -