Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/71

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
Rasamala ½ bagian.
Kastoeri ½ "
Kajoe garoe 5 "
Oenĕm 1 "
Goela pasir 1 "

Eta kabeh dirieus nĕpi ka lĕmboet sarta digalokeun sing galo ĕnja. Toeloej diingkeun dina tĕmpatna. Di mana geus katendjo rada baseuh, kakara dipake.

Makena doepa teh teu pĕrloe loba². Sanadjan saeutik asal hĕnteu eureun ngĕloen haseupna, eta saroea bae djeung make loba.

Pĕtana ngoekoep boeoek.

Mimitina koedoe diangir heula sing bĕrĕsih. Toeloej diandoekan, tapi oelah nĕpi ka toehoer pisan. Ti dinja dikoekoedoengan; tapi beungeut mah teu koedoe ditoetoepan. Toeloej njokot paroekoejan beunang ngaroehakan koe roehak hoeroeng, toeloej dipoeroeloekan doepa saeutik, Eta paroekoejan diasoepkeun kana koekoedoeng, soepaja haseup doepa tea moepoet kana boeoek djeung moepoetna oelah eureun², lamoen boeoekna tatjan nĕpi ka toehoer mah. Soepaja seungitna doepa teh pageuh kana boeoek, boeoekna koedoe tĕroes digĕloengan sarta di djĕrona disĕlapan kĕmbang malati.

Pĕtana ngoekoep papakean.

Sanggeusna papakean teh diseuseuh bĕrĕsih, diseuseuh kadoea kali make dilĕm. Di mana geus toehoer kakara dioekoep.

Njokot koeroeng hajam anoe bĕrĕsih, anoe dibakoekeun paranti ngoekoep, baris ngoekoep papakean tea, Toeloej papakean noe rek dioekoep teh roeroebkeun kana koeroeng tea. Paroekoejanana diteundeun di djĕro eta koeroeng, Lilana kira² 2 atawa 3 djam. Saĕnggeusna toeloej papakean teh ditilĕpan, di djĕrona make kĕmbang anoe seungit.

Eta papakean teh seungitna hĕnteu leungit², ari teu diseuseuh mah.

f. SOP HOERANG.

Hoerang gĕde (hoerang barongsaj) tiloe noe salĕgĕr keneh digodog, toeloej ditiiskeun. Di mana geus tiis, dagingna djeung ĕndogna, moen aja, dikaloearkeun; tapi daging tina djĕro boentoet, soekoe djeung panjapit, koedoe dipisahkeun djeung daging beuteung nja kitoe deui djeung ĕndogna tea. Sadiakeun tjisop-daging atawa tjisop-hajam saeutik.

Toeloej njokot bawang gĕde tiloe sihoeng, disiksik sing lĕmboet,

- 98 -