Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/70

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Anoe koedoe dibĕrĕsihan teh, lain bangsa pantjaraken anoe araloes bae, anoe garoreng oge pĕrloe pisan dibĕrĕsihan; sarta ana hade pangoeroesna mah, barang anoe goreng oge katendjona hade.

Anoe sok bĕrseka teh, babakoena ngan djĕlĕma anoe geus tĕrboeka pikirna bae. Kabĕrsekaan, matak tambah loehoer kana martabat djĕlĕma.

Nana, sanggeusna sakitoe tetelana, jen kabĕrsekaan teh matak tambah loehoer kana martabat djĕlĕma, rek arěmboeng keneh bae kitoe kana bĕrseka teh?

d. NJIEUN KOEROEPOEK KOELIT DJEUNG KOEROEPOEK OERAT.

Moending djeung sapi, koelitna atawa oeratna sok didjarieun koeroepoek, koe djĕlĕma2; tapi kabiasaanana, koelit noe sok didjieun koeroepoek teh, ngan koelit sisi-sisina bae, minangka pipitjeunanana, anoe moal kapake kana kapĕrloean sedjen, ari eta mah anoe kapake keur njieun roepa parabot atawa bangsa papakean, tara. Dĕmi koeroepoek oerat, noe didjieun oerat tjeker.

Ari pĕtana njieunna kieu:

Koelit atawa oerat tea digodog sing nĕpi ka asak pisan, sanggeus asak toeloej dikeureutan, gĕdena sakoemaha kahajang oerang bae; ti dinja toeloej dikoembah masing bĕrĕsih, tĕroes dipoë nĕpi ka garing pisan.

Sanggeusna garing toeloej dikeueum koe minjak lĕndah tiis dina katel; ti dinja ditagogkeun diseuneuan, di mana minjakna geus ngagolak toeloej dikotjek, soepaja rata kaasakanana; lamoen geus tembong satĕngah asak, koedoe didjait, tĕroes dipoë deui nĕpi ka garing. Tah, eta koeroepoek atah, beunang diampihan moelan-malen.

Koeroepoek anoe geus lila diampihanana, di mana arek digoreng koedoe dipoe heula, mambrih daekeun beukah; tapi oelah ti pamoëan toeloej digoreng bae, koedoe ditiiskeun heula, sabab lamoen ti pamoëan teh tĕroes bae digoreng, sok teuas bae.

Soepaja pĕlĕm djeung katjida beukahna, waktoe tadi ngagodogna koedoe lila, nĕpi ka lamoen koe oerang eta koelit ditjotjog koe sapoe-pare oge teurak; ari satĕroesna mah tjara noe geus ditjaritakeun tea bae. Koeroepoek anoe kitoe didjieunna, salian ti pĕlĕm teh, eta ana digoreng beukahna, noe asal sagĕde njerĕ teh nĕpi ka djadi doea ramo.

e. NJIEUN DOEPA.

Mĕnjan beureum 9 bagian.
Tjandana ½ "
Mĕnjan bodas 7 "
― 97 ―