Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/69

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Lamoen oerang neuleu paparabotan anoe bĕrĕsih, sok bidjil sangkaan dina hate: moal gagal eta noe boga teh djĕlĕma pangadjaran (ontwikkeld). Djeung ĕnja deuih, ari kabĕrsekaan teh, eta tjitjiren djĕlĕma pangadjaran. Djadi pamanggihna mangpaat keur anoe harajang make adat anoe hade; sarta ana dibiasakeun tangtoe djadi adat, adat anoe mangpaat tea.

Katiloe mangpaatna kabĕrsekaan ka djĕlĕma, eta tetela katjida, nja eta: sakabeh pangabogana salilana aloes.

Koe sabab kabĕrsekaan teh tetela sakitoe mangpaatna, salah pisan lamoen oerang teu mĕrloekeun kana ngoeroes djeung ngabĕrĕsihan babandaan oerang. Dĕmi pĕtana ngabĕrĕsihanana kieu:

Isoek² imah oerang koedoe disapoean masing bĕrĕsih; tidinja ngĕboetan pantjaraken (meubel) djeung sapapadana; [ngarah gantjang djeung babari, kĕkĕboetna hade koe kĕloed (plumeau)]; sagala kokotor djeung pĕlĕdoeg anoe narapĕl kana paparabotan koedoe beunang, nĕpi ka bĕrĕsih. Lamoen rada pageuh, ngabĕrĕsihanana hade koe lamak, pambrih oelah letjet djeung herangna anggĕr, malah sok tambah. Bangsa gĕdah djeung marmĕr ngosokna koedoe tarik, soepaja herang. Oepama katimbang pĕrloe, hade dikosok deui, nĕpi ka doea kali. Bangsa logam, koedoe mindĕng dikosok nĕpi ka herang; ari keur ngosokna aja parantina.

Dĕmi ngabĕrĕsihanana pangtjopelna oge, sapoe teh koedoe doea kali: isoek² djeung pasosore; tapi ari kadeuleu pĕrloe mah, dina tĕngah poe oge hade dibĕrĕsihan. Eta leuwih oetama, da pĕlĕdoeg teh datangna taja kĕndatna, djadi ngabĕrĕsihanana oge koedoe mindĕng.

Ari anoe koedoe ngoeroeskeunana hal ngabĕrĕsihan imah katoet pantjarakenna, eta awewe; ana noe djadj awewe gĕtol bĕbĕrĕsih, tangtoe pisan landjang-landjangna oge kabawa garĕtol. Anoe djadi badega moal wanieun tinggal kahidĕngna, sabab koe teu bĕbĕrĕsih sakali oge katjiri, paparobotan hĕnteu harerang, lamoen koe oerang dirampa karasa ngĕrĕs, djeung narapĕl kana ramo oge. Anoe djadi awewe oelah arek pĕrtjaja teuing ka badega tina pĕrkara ieu oge, koedoe dianggap djadi kawadjibanana nangen gawe kabeh boedjangna teh; djadi hal ngabĕrĕsihan pantjaraken oge koedoe daek nangen.

Salian ti pantjaraken djeung paparabotan imah deuih anoe pĕrloe pisan dibĕrĕsihan teh, saminggoe sakali oge geus meudjeuhna, asal ngabĕrĕsihanana bae ĕnjaan: bilik, lalangit, komo djoeroe-djoeroena mah, da sok pinoeh koe ramat geuning; tembokanana koedoe dikoembah, sarta disoesoet koe lamak sangkan toehoer (di sawareh tĕmpat, disĕboetna dipel). Hal „ngĕpel” teh, salianna ngabĕrĕsihan tembok imah, matak aloes kana parabot imah deuih. Galibna soekoe pantjaraken sok tereh nakĕr kotor koe pĕlĕdoeg tina tembokan; ana tembokna bĕrĕsih, soekoe pantjaraken oge moal kotor.

- 96 -