Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/68

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Ngaberesihan tjimeuting.

Tjlmeuting teh hese pisan dileungitkeunana. Tjoba pakean oerang dibeberkeun dina papan sarta dibaseuhan dikosok koe oejah saeutik, toeloej ditjoba-tjoba dikosok koe tjidjěrork, soegan bisa leungit. Moen teu daekeun leungit, njokot kapoer beunang měběk, poejerna tjampoeran tjai, oelaskeun palěbah tjimeuting tea, toeloj poekeun, ti dinja kakara dikoembah.

e. KABERSEKAAN.

Sanadjan sarerea geus pada těrang oge ka noe diseboet „běrěsih” tapi tatjan kabeh daraek běrseka. Komo oerang Priboemi mah masih loba keneh pisan anoe tatjan ngartieun kana pelahna běrseka.

Ari kaběrsekaan tea loba kabina-bina pedahna.

Hal mangpaatna běrseka awak hěnreu pěrloe ditjaritakeun deui, da sarerea oge geus pada ngarasa pribadi. Saha anoe henteu běrseka, henteu ngaraksa dirina, eta tembong pisan, jer tjoepět plkirna taja panalarna, datang ka tatjan bisa ngarasakeun kasenangan dirina sorangan.

Geus loba djělěma anoe imahna marake pantjaraken, kajaning: korsi, medja djeung sapapadana, tapi handjakal pisan lolobana tatjan barisaeun ngoeroesna, kekara „barisaeun” djeung „raresep boga” bae. Henteu koerang anoe baroga barang araloes, tapi katendjona barangna teh baroeroek djeung kalotor, lantaranana taja lian ngan doemeh tara dioeroes tea bae, toeng toengna. něpi ka plnoeh koe pělědoeg. Lila' noe bogana emboengeun make, da barang garoreng kitoe, něpi ka kapaksa koedoe meul deui pantjaraken anjar toer maraha! deuih; ari pantjaraken anoe goreng tea kapaksa koedoe didjocal moerah.

Pangna meunang roegi kitoe, tetela koe polahna sorangan. Da lamoen eta pantjaraken salilana dioeroes mah, nadjan mangtahoen-tahoen oge, aloes tjara barang anjar bae. Oepama eta barang didjoeal tangtoe moal roegi, malah bisa djadi aja batlar. Sanadjan oepamana ngan pajoe sapameulina oge eta pantjaraken teh, masih beunang diseboet bati keneh, nja eta oerang make eta barang salila djadi milik oerang teu koedoe njewa. Komo djaman ajeuna mah, lain pěrkara moestahil ngadjoeal pantjaraken anoe geus dipake, meunang bati teh, da harga barang beuki marahal bae darapon barangna bae aloes keneh.

Ari babakoena mah lain ngingětkeun bati kitoe, pangna di imah koedoe běrseka teh, tapi ari di imah běrseka nah ka oerangna matak walagri, sabab sagala barang anoe sok dipake koe oerang barěrěsih, moal aja biblt panjakitan. Kadoeana sagala anoe běrěslih teh aloes, ngeunah katjida kadeuleuna.

― 95 ―