Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/90

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

27. HAL KATANGTOEAN DJEUNG ATOERAN².

a. TINA HAL PANJAKIT² HEWAN ANOE SOK TEPA.

  1. Oepama pagawe pamarentah bangsa Eropa atawa bangsa Priboemi njangka jen aja tjiri panjakit tepa dina hidji hewan, wadjib andjeunna gantjang mere njaho hal eta ka ahli (deskundige) anoe boga tanggoengan poerah ngoebaran hewan, noe njěkěl eta těmpat.
  2. Sabot noenggoe poetoesan ti „ahli noe boga kawadjiban ten, pagawe pamarentah teh, beunang marentah noetoep saheulaan kandang atawa pakarangan tempat hewan noe gěring tea Ieu parentah koedoe gantjang dibedjakeun koe lisan atawa koe soerat ka noe boga atawa ka noe ngoeroes eta hewan, lamoen eta parentah dibikeunna koe pangkat leutik bae, wadjib hal eta gantjang dioendjoekkeun ka kapala pamarentah di dinja
  3. Děmi di djadjahan loear tanah Djawa djeung Madoera, lamoen „ahli" noe boga kawadjiban teh, waktoe oesoem panjakit hewan noe disangka panjakit tepa teh, aja di těmpat djaneh, něpi ka teu bisa gantjang njieun papariksaan, djeung oepama teu aja pětana baris menta timbanganana koe kawat, hade pagawe, pamarentah bangsa Eropa noe boga oeroesan pěrkara eta, di mana eta panjakit beuki njaliara, koedoe ngalarang ngaloearkeun hewan ti těmpal noe aja panjakit tea, sabot noenggoe² timbangan ti „ahli" tea.
  4. Baris njegah njaliarana panjakit-hewan noe tepa teli, didjalankeun tjara di handap Ieu, tapi kadjadianana koedoe dikira-kira koe sorangan noeroetkeun gědena bahja djeung ngingětkeun kana karameanana nagara:


  1. Misahkeun těmpatna hewan noe gěring atawa noe disangka gering noeroetkeun atoeran noe geus dítětěpkeun koe parentah tina hal ieu;
  2. Ngalarang djalma², teu beunang asoep ka tempat sato noe gering atawa noe disangka gěring, anoe geus dipisahkeun atawa noe dirawatan, iwal anoe beunang aja di dinja lantaran kalawa koe kapangkatanana mitoeroet parentah pangagoeng. atawa djalma² anoe koedoe ngoeroes eta hewan tea (sapěrti noe poerah maraban);
  3. Marentah ngadjaga hewan noe disangka gěring tea, lilana noeroetkeun waktoe noe ditětěpkeun, bari ngalarang eta hewan dibawa ka těmpat sedjen, lamoen teu kalawan kanjaho atawa paidinna noe ngadjaga tea;
  4. Nangkep djeung maehan hewan noe gěring djeung noe disangka gering;
  5. Ngadoeroek atawa ngaroeang bangke hewan noe paeh atawa noe dipaehan tea;
- 115 -