Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/91

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

f. Mitjeun noe matak tepa atawa ngaleungitkeun pakandangan djeung aděganana, enggon hewan noe keuna koe panjakit tea djeung sagala parabot² kandang, nja kitoe deui sakoer noe sok dipake koe eta hewan, atawa noe geus kasenggol koe eta hewan;

g. Mitjeun noe pitepaeun noe aja di sakabeh djělěma, noe geus pasenggol djeung hewan noe keuna koe panjakit tea, atawa noe noeloeng waktoe mitjeun noe matak tepa ti pakandangan, mitjeun kandang djeung barang, atawa noe ngabantoean maehan, ngadoeroek atawa ngaroeang bangke eta hewan djeung deui mitjeun noe pitepaeun ti sakabeh djělěma noe rek kaloear ti kandang djeung ti tempat² noe geus katepaan;

h. Larangan pikeun wewengkon atawa karěsidenan noe ditangtoekeun, teu beunang:

1e. mawa asoep kaloear djeung ngaliwatna eta hewan;
2e. mawa kaloear hewan sedjen djeung sagala barang noe matak njaliara kana panjakit tea;
3e. miloe diangon ka pangangonan, dlinoemkeun satěmpat nginoem dimandian satěmpat mandi, mawa hewan ka djalan gěde noe bakoe, njieun pasar hewan djeung ngadjoeal hewan.

i. Ngalarang ngaleupaskeun andjing, oetjing djeung hajam, di sadjěro wewengkon atawa karěsidenan noe kaseboet dina sub h. di sadjero karěsidenan noe těpoeng watěs, sarta nitah maehan sato² noe kanjahoan ngentjar di dinja, anoe teu tjotjog djeung larangan;

k. Marentah, soepaja di wewengkon noe kaseboet dina sub h. pasal ieu, oge di karésidenan noe těpoeng watěs djeung eta:

1e. aděgan kandang djeung karapjak koedoe diběrěslhan koenoe ngingoe hewan tea dina waktoe anoe geus ditangtoekeun djeung sabisa-bisa salilana koedoe běrěsih, mitoeroet pitoedoeh pamarentah di eta těmpat, atawa mitoeroet pagawe noe dititah koe eta pamarentah baris mariksa kandang djeung karapjak tea;
2e. sakabeh hewan koedoe ditjap atawa make tjiri sedjen keur tjitjiren djeung noe miara hewan di djěro 24 djam koedoe mere njaho ka pamarentah, hal ngadjoeroe, gěring, atawa paeh djeung hal pěrkara noe lian tina bal ingon-ingonna.

l. Ngalarang asoep ka těmpat² hewan noe paeh atawa dipaehan lantaran panjakit tepa. atawa ka těmpat kotoran, hewan noe keuna koe panjakit tepa teh, diroeang djeung koedoe ngalarang ngorek taneuh těmpat eta, dina sadjěro tempo noe geus ditětěpkeun;

m. Njieun tjiri² dina djalan paranti asoep ka těmpat enggon hewan noe gěring atawa noe disangka gěring tea, nja kitoe deui dina wates eta těmpat, djeung dina katja-katjana, masang pal dipapanan, noe ditoelis di loehoerna: „panjakit hewan anoe tepa"

- 116 -