Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/93

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

verklaring anoe gawena pikeun djadi boekti hidji panggawe atawa leuwih, boh eta panggawe-panggawe teh mişah² boh patjantel, sarta eta soerat teh didjieun koe-, djangeun - atawa lantaran aja pamenta manehna, toer make ditanda atawa ditjap koe manehna); nja kitoe deui sagala sperat panoehoen (rékes) ka pangagoeng, koemaha bae atoeranana mah, rek bangoen soerat bae rek tjara pengetan.

Ari gedena eta ongkos segel sawareh angger (¹),[1] swareh deui noeroet timbangan, nja eta goemantoeng kana gedena doeit anoe dioeroeskeun.

Gědena ongkos segěl angger biasana ƒ 1.50, tapi ari keur koeitansi (kwitantle), soerat deposito, soerat aandeel-ngaran (opnaam staande bewijzen van aandeel), tjitjilan keur modal loemboeng-indjeumkeuneun baris noeloeng, soerat anoe aja pangadjina doeit ka noe njëkěl, wissel djeung soerat-pamajar anoe henteu keuna koe ongkos noeroet timbangan tea (ilikan di handap), pas-daratan pikeun oerang Priboemni djeung pas keur ka nagara sedjen anoe dibikeun di Goepermen Atjeh sabawahanana (iwal pikeun ka Měkah), gědena ongkos dítětěpkeun ƒ 0.10.

Pikeun soerat-dagang anoe beunang ditoekeurkeun (dibajar) di Nagara Walanda, kadjaba anoe bieu, biasana koedoe majar ongkos segěl noeroet timbangan tea ½ % (¹/2000 na).

Ongkos segěl soerat-paidin pikeun ngadjoeal sendjata-api, obat djeung parabot sendjata api (munitie) gědena lima poeloeh roepia; segěl-paidín ngabongkar moeatan kapal doea poeloeh lima roepia: pikeun ka Měkah opat roepia.

Ongkos segěl noeroetkeun timbangan pikeun:

  1. acte hypotheek atawa tanggoengan ngabogaan kapal-kapal ½%:
  2. acte balik-nama hak-eigendom atawa hak-miboga lian ti eta ¼%
  3. acte ngěpakkeun pantjarlan nagara, karésidenan atawa bagian karésidenan anoe boga kas sorangan ¼%:
  4. soerat doeit lelang ¼%;
  5. proces-verbaal ngalelang leuweung djeung ngaloearkeunana pangala hasil leuweung ¹/10 %;
  6. soerat kapal djeung pas laoet ƒ 0.20 oenggal 1 M³, ngitoeng eusina eta kapai (parahoe).
  7. soerat pamajar atawa soerat masih hoetang pamajar djeung assignatle anoe henteu koedoe dibajar gantjang atau saeutik tempona ½%.

Soerat oetentik (authentieke acte) anoe koedoe dibajar ongkos segěl noeroetkeun-timbangan ngan soerat-notaris bibitna bae; soerat acte dibawah tangan anoe make majar ongkos segěl noeroet-timbangan tea, koedoe ditoelis sakabehna dina segěl

- 118 -
  1. (¹) Anoe diseboet: saroea tea.