Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/94

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

kalawan beres, iwal soerat-soerat acte lelang-borongan dibawah tangan anoe pikeun Nagara djeung salian ti eta; anoe kitoe mah noe koedoe majar segěl noeroet-thinbangan teh, ngan soerat anoe keur ka Pamarentah bae.

Salinanana sakabeh soerat anoe koedoe majar ongkos segěl, koedoe ditoelis dina segěl anoe harga ƒ 1.50 tea.

Aja pirang² soerat anoe noeroetkeun atoeran noe kaseboet di loehoer koedoe majar ongkos, lesot pisan tina eta padjég; leuwih ti 80 roepa soerat reana diěleskeun, anoe diiwalkeun tina eta atoeran, djeung rea deui soerat sedjen anoe diseboetkeunana dina verordening gěde. Ngabebaskeun ongkos soerat koe noeroetkeun maksoedna, kakara diidinan, lamoen eta maksoed tea terang kaoeni dina soerat, sarta sabab-sababna anoe matak dibebaskeun tea, koedoe diseboetkeun dina eta soerat.

Tah eta, atoeran anoe biasa didjalankeun pikeun majar ongkos segěl noeroet-timbangan teh, sarta pikeun sakabeh soerat² anoe didjieun di Hindia Nederland biasana diwadjibkeun; nja Gouvernement ngadjoeal roepa² segěl, ti harga ƒ 1.50 něpi ka harga ƒ 500.

Kadoea, ongkos segěl teh dibajarna koe napělkeun plakzegel anoe hade keneh, (¹),[1] eta oge plakzegel tea, tjara segěl noe sedjen bae, aja daganganana di kantor pos; tah eta, atoeranana majar ongkos segěl anggěr.

Aja deui atoeran majar ongkos segěl, nja eta dibajarna pandeuri; dibikeunna ka pagawe anoe geus dibakoekeun ngoeroes hal eta; pětana manehna napělkeun segěl tea atawa plakzegel katoet verklaringna. Ieu atoeran babakoena dipakena pikeun soerat anoe ditoelisna lain di Hindia, atawa pikeun sababaraha soerat anoe make diseboetkeun ngaranna, anoe hese pikeun ditoelis těroes kana zegěl, djeung soerat² anoe engke diachir baris djadi katěrangan.

Lamoen noe njarieun pěrdjangdjian tea henteu ngahadja njieun pěrdjangdjian sedjen, anoe dikeunaan padjěg (koedoe majar ongkos) salawasna anoe ngahoetangna atawa anoe boga hak djeung njěkěl soerat kakoeatan.

Anoe djadi tanggoenganana sangkan ongkos segěl tea dibajar, nja eta: kahidji koe antjaman dikeunaan hoekoem dengda gěde, sakoer anoe nandatangan dina kertas anoe teu make segěl, atawa make kertas, tjara kitoe keur noe sedjen; kadoea; Pamarentah, gegěden pangadilan djeung gegěden pamarentahan, nja kitoe deul poerah moetoes (scheidmannen) dilarang teu meunang mere poetoesan, ngesahkeun tanda-tangan, nibankeun pangadilan, nganggap atawa ngampihan soerat-soerat, napělkeun eta soerat-sperat kana soerat

{{loop<-- -->| 6<-- -->| — <--

-->}}

- 119 -
  1. (¹) Tanda koedoe ditoelis koe mangsi dina eta plakzegel, nja kitoe deui titimangsana koedoe ditoelis dina eta plakzegel koe mangsi, pikeun noedoehkoun waktoena dipake.