Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/371

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

MANGLE
KA POELO DJAWA

anggitan
Rabindranath Tagore
Disoendakeun koe Tb. Djajadilaga

I
Kinanti


Poeloeh windoe noe kapoengkoer.
djaman baheula bihari,
geus hilap mangsa-mangsana,
andjeun tepang djeung sim koering,
tĕpoeng tjatoer gendoe-rasa,
galo sahiroep-sahoerip.

Angin ti wetan ngahioek,
mawa sabda ngahiliwir,
panjambat andjeun ngalajang,
dibawa koe angin tarik,
ngambah djalan tan katingal,
djalan saloehoereun boemi.

Ngadjoegdjoeg basisir djaoeh,
kasorot tjahja doemĕling,
tjahja soerja ngahibaran,
daoen kalapa aroesik,
siga tangan ngagoepajan,
awor djeung sora sondari.

Sora sondari ngahioeng,
ajoen-ambing ngĕmban poedji,
moedja ka Kali Logangga,
lemah poetih banjoe soetji,
Batara Wisnoe ngandika,
meupeudjeuh ka djisim koering.


— 306 —