Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/372

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Dewi Oema(téks teu kabaca) nja kitoe,
Dewi noe kongas lineuwih,
sapoeloeh pananganana,
ngadawoehan ka sim koering:
„Kapal beberkeun lajarna,
djeung bawa roekoen noe soetji.

Ka sagara alak paoel”
kotjap Tjilogangga mili,
tjoertjor ngotjor soemarambah,
kadya tangan noe rek ngeumbing,
njawel ka sagara wetan,
hénteu lila ng-eng kakoeping.

Doea sowara toemoeroen,
atra pilahir ti iangit,
mimiti ngawihkeun Rama,
mĕdar lalakon lineuwih,
kapoendjoelan lampah Rama,
djeung pĕtana nandang sĕdih.

Haleuang deui koemĕloeng,
ngawih tjarita sinakti,
ngagelar Mahabharata,
njatoer satria lineuwih,
lalakonna Sang Ardjoena,
basa oenggoel meunang djoerit.

Sarta ka koering ngadawoeh,
jen eta kawih pamoedji,
lalakon kasampoernaan,
koedoe dibawa koe koering,
ngaloen malapaj sagara,
ka poelo wetan noe tĕbih.

Djeung deui koering ngabantoen,
talatahna lĕmah tjai,
wiat noe diomat-omat,
koe bali geusan ngadjadi,
ka koering meupeudjeuh pisan,
jen dimana koering nĕpi.

— 307 —