Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/373

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Ka ditoe ka noe didjoegdjoeg,
koedoe mĕlak bibit asih,
njieun geusan katrĕsnaan,
di eta nagara tebih,
noe geus lawas goemawangna,
djadi panjileukan ati.

II
Sinom


Braj tjaang mimiti beurang,
oleng motah kapal koering,
nĕroes aloen neumbag ombak,
mapaj laoet biroe bĕrsih,
njatjas moen ditingali,
lajar kapal bodas mĕndoeng,
ngagĕntjlang di sagara,
mĕlĕnong katĕbak angin,
sok kagagas moen emoet alam harita.

Kapal datang oeloek salam,
hoeloena njioem basisir,
ari ningal ka daratan,
soegri anoe katingali,
asri ngahoedang pikir,
goenoeng noe djaoeh ngalamoek,
sisi sagara rata,
karimboenan daoen kai,
hioer angin tinggaroepaj tingaroelang.

Lir koekoedoeng noe koemĕlab,
dina dada ipri geulis,
noe ngageugeuh pagoenoengan,
leuweung ganggong sirna djati,
kitoe tjiptaning ati,
tjoendoekna ka noe didjoegdjoeg,
harita oerang tĕpang,
dina kalangkangna peuting ,
kalamangsa peuting rek ngaroengkoep djagat.

— 308 —