Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/374

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Sore poëk taja boelan,
rapang bentang tingkarĕtip,
poëk rĕjĕm-rĕjem tjaang,
kahibaran tjahja langit,
njĕbar rasaning gaib,
pĕrbawaning lintang toedjoeh,
noe noeroenkeun bĕrkahna,
eundeur sakoeriling boengking,
koe heabna kasoetjian noe soemĕbar.

Balebat tembong ngolebat,
njaangan oeroet pasini,
oeroet oerang tĕpang atma,
oeroet saniat sapikir,
basa masih ngahidji,
aiam babarĕngan hiroep,
naratas padjamanan,
djeung njorang tjiptaning ati,
noe goemawang dina paningal wangwangan.

III
Asmarandana


Robah mangsa ngalih moesim.
ganti djaman paalaman,
soemping peuting poëk mongkleng,
Ki Silah lali di mitra,
anak poho di bapa,
moerid teu inget ka goeroe.
kalampat Kala Maloepa.

Korsi gading tjampĕrĕnik,
oeroet tjalik rerendengan,
oerang keur basa bareto,
leungit moesna teu katingal,
katoetoep karimboenan
kakoeboer kĕkĕboel waktoe.
noe moentir taja kĕndatna.

— 309 —