Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/377

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Koering ditoendoeng koe Lali,
beber lajar djait djangkar,
balajar ngelehan maneh,
ĕnggeus oenggah ka daratan,
lĕsoe satoelang-toelang,
njampak di basisir soewoeng,
tjape taja beubeunangan.

Di hareupeun imah koering,
sagara ngampar ngajapak,
njaksian keur oerang amprok,
tapi teu boeka rasiah,
kitoe deui Logangga,
noe sok tjerewed teu gĕroeh,
hĕnteu mĕdar lalakonna.

IV
Dangdanggoela



Gĕntra andjeun ngeng kakoeping deui,
sanggeus meunang pirang-pirang djaman,
repeh teu lemek teu njarek,
ajeuna kĕrsa njaoer,
aja milik bet amprok deui,
ningal soroting netra,
anoe ngĕmpoer hoeroeng,
raos koering hĕnteu hilap,
sorot gaib basa patĕpang mimiti,
di leuweung banawasa.

Leuweung ganggong si soemĕnĕm djati,
tĕmpat oerang ngĕdalkeun soebaja,
pasini rek misaderek,
nadjari geus ratoes tahoen,
dina pikir koering teu leungit,
katingal koemalangkang,
loeloeroeng kapoengkoer,
oeroet oerang reureudjeungan,
masih aja noe njaresa wĕling koering,
patilasan baheula.

— 310 —