Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/378

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Eta kabeh djadi tjiri wantji,
toedoeh djalan ka koering noe njaba,
nimoekeun gĕdong noe helok,
hiroep andjeun satoehoe,
anoe mantjoer hoeroeng doemĕling,
aja tjahja goemebjar,
sidik noe kapoengkoer,
beunang ngahoeroengkeun oerang,
basa tĕpang sonten keur amprok mimiti,
djaman anoe katoekang.

Emoet-emoet moegi oelah lali,
kapan oerang baheula geus tepang,
koering estoe emoet keneh,
apal kana pamoeloe,
kana raraj andjeun teu pangling,
sok asa pamohalan.
ka koering teu emoet,
ieu koering noe baheula.
noe geus leungit ajeuna ka dieu deui,
lir gĕlar deui anjar.




Digawe teh saĕnjana doenga noe ngawoedjoed djadi oesikna anggahota.

— 311 —